Rabu, 12 Januari 2011

Heureuy Bandung


Ceuk kamus Sunda-Melayu R Satjadibrata anu terbit jaman Jepang taun 2604  
(ieu mah sigana taun Jepang, mun kana masehi mah meureun antara taun  
1944-45,..cik aya nu uninga teu kumaha konversina), hartina heureuy nyaeta  
“loeloetjon”.  

Lamun diilikan dina KUBS mah heureuy teh hartina banyol, kalakuan  
pangangguran pikeun karesepan sorangan atawa ngarah gumbira anu nenjo nu  
ngadenge, ngaheureuyan hartina ngaganggu bari jeung teu niat goreng,  
ngaheureuykeun hartina ngulinkeun atawa ngabobodo, lamun diilikan deui dina  
kamus basa Sunda meunang Budi R Tamsyah aya harti lain keur kecap  
ngaheureuyan nyaeta ngawerejit.  


Hartina Kabayan ceuk KUBS mah 1.tukang ngajaga paseban, 2. tukang ngaladenan  
dina hahajatan aya deui ceuk Ensiklopedi Sunda mah pembantu patih atawa  
Patinggi dina mangsa karajaan nepi ka mangsa kabupatian dina pamarentahan  
tradisional nepi ka ahir abad 19 tugasna nyaeta nepikeun paparentah raja  
atawa bupati ka rahayat, jadi kabayan didieu mah jabatan beda jeung tokoh Si  
Kabayan.  

Sigana anu ditanyakeun ku Kang Tatang Es mah heureuy dina harti banyol,  
lulucon, sedengkeun lulucon atawa banyol aya deui istilah anu mindeng  
kareungeu atawa kabaca diantarana “keom sakedap” (ieu ciri Kang SR), landong  
baeud ( ieu aya bukuna anu judulna Landong Baeud asana terbit dina taun  
1950an), Mangle nyebatna “barakatak”, atuh Kusnet mah mideng make istilah 4S  
(sura seuri siga sero).  


Ceuk sakaol heureuy keur Urang Sunda geus ngabaju, dimana US ngumpul pasti  
aya sempal guyon, babarakatakan saleuseurian, nepi ka aya anggapan US mah  
teu bisa diajak daria, aya bae heureuyna.  
R Purbacaraka boga pamanggih, banyol, lulucon (humor) anu panghadena, anu  
luhur ajena nyaeta banyol anu sanggeus urang bisa diajak seuri satuluyna  
dititah mikir mikiran eusi tina eta lulucon anu tungtungna urang bisa “ngaji  
diri” bisa ngaragap maneh, nganyahokeun kaayaan diri sorangan.  
Dina carita sapopoe Urang Sunda, tukang banyol, tukang heureuy euweuh deui  
iwal ti Si Kabayan, aya sarjana Walanda nu kungsi nyieun disertasina dina  
taun 1929 nyaeta Dr Coster Wijsman nyebutkeun euweuh deui nu pangbeungharna  
disakuliah nusantara ku carita lucu iwal ti di Tatar Sunda anu nyanda kana  
carita Si Kabayan.  


Carita Si kabayan kungsi dijieun buku ku CM Pleyte anu judulna Pariboga dina  
taun 1912, Bale Pustaka kungsi nerbitkeun Si Kabayan dina taun 1932,  
kabehdieunakeun loba buku anu terbit nu eusina dongeng-dongeng si Kabayan  
diantarana Min Resmana (Si Kabayan Tapa), Moh Ambri ( Si Kabayan Jadi Dukun,  
ceuk Ajip Rosidi ieu buku teh saduran tina buku pangarang Perancis Moliere  
anu judulna La Medicine Malgre Lui).  


Salian ti Si Kabayan aya deui tokoh sejen nyaeta Mama Lengser ( sok aya nu  
nyebut Mamang Lengser, Ua Lengser) dina carita pantun jeung si Cepot dina  
carita wayang golek.  


Hartina Lengser ceuk kamus Satjadibrata nyeta jelema kapercayaan raja jaman  
baheula, aya deui anu nyebutkeun hartina teh turun, lungsur.  


Dina carita pantun tingkah paripolah Mama Lengser mindeng ngondang  
pikaseurieun, boh ucapna boh ringkak paripolahna, malah ku anu  
ngadarengekeun carita pantun mah bijilna Mama Lengser teh sok didaragoan  
alatan loba lucuna, kitu deui si Cepot dina carita wayang golek, malah lamun  
urang lalajo wayang nu dalangna Asep Sunandar Sunarya, porsi bijilna si  


Cepot teh siga anu dijadikeun kojo boh heureuyna anu ngageuhgeuykeun kaayaan  
jaman kiwari boh kalakuanana anu kalan-kalan siga anu cunihin.  
Peran Mama Lengser dina carita pantun digambarkeunana teh siga anu tetep,  
umurna geus kolot, awakna bayuhyuh, papakean teu matut, tapi ieu tokoh teh  
bisa komunikasi jeung Raja kitu deui bisa komunikasi jeung rahayat perana  
meh sarua jeung si Cepot.  


Raja bisa disebut nu ngawakilan “alam atas”, Lengser ngawakilan “alam  
tengah” jeung rahayat anu disebut “alam bawah”, dina kosmologi urang Sunda  
aya nu disebut Tri Tangtu, Buana Nyungcung (alam baka, alam para dewa),  
Buana Pancatengah (medium) jeung Buana Rarang (alam fana, alam manusa).  
Mama Lengser bisa disebut medium anu ngahubungkeun antara dunya raja jeung  
rahayatna, anu ngahubungkeun antara karaton jeung masyarakatna, tangtu we  
inyana kudu bisa kabula kabale, sagala parentah raja ditepikeun ka  
rahayatna, kitu deui kahayang rahayat ditepikeun ka rajana.  


Nu sok jadi bahan gogonjakan Mama Lengser teh wujud kasarna (awakna) ari  
wujud lemesna (spiritualna) kacida dihargaanana utamana kajujuranana,  
pituahna, (bandingkeun jeung Semar atawa si Cepot dina carita wayang), matak  
teu aneh sanajan raja oge sok ngumaha ka Mama Lengser kitu deui rahayat  
sejena, dina prakna mere pituah teh tara ieuh umangkeuh ieu aing uyah kidul,  
tapi tetep kalawan handap asor nepi ka anu dibere pituah teh teu ngarasa  
kaisinan.  


Urang Sunda enya resep heureuy resep guyon (humor), tapi heureuyna tara  
nganyerikeun batur komo bari ngekeak kekurangan batur mah, humorna leuwih  
nyoko kana “otokritik”, kana kalaipan diri, lamun tea mah aya nu dijadikeun  
obyek dina humorna malah sok dipikanyaah lain dipikaijid.  


Ceuk sakaol ieu teh teu leupas tina kaayaan alam Tatar Sunda nu pinuh ku  
parentul gunung, alam tropis nu kalan-kalan loba musibah alam, gunung bitu,  
banjir, longsor jste, sakabeh kajadian alam siga kitu teh teu bisa dilawan  
ku tanaga manusa, manusa kacida hengkerna dibandingkeun alam anu sakitu  
rongkahna, tina eta kaayaan manusa Sunda dina nyicinganana kudu harmonis  
jeung alamna, nya tina ieu kasadaran sakapeung manusa Sunda siga nu ngelehan  
bae.  
Carita tokoh Si Kabayan aya di rahayat Sunda, aya dina folklore masyarakat  
Sunda, inyana “dipikanyaah” ku masyarakat Sunda sok digambarkeun bodo tapi  
sakapeung sok digambarkeun pinter, jadi aya sifat paradok dina diri Si  
Kabayan, atawa bisa jadi aya sifat dualisme primordial.  


Lamun bodo sok siga anu bodo katotoloyoh (dina carita Si Kabayan ngala  
tutut), lamun pinter sok bisa ngalingsemkeun batur (dina carita Si Kabayan  
ngadeupaan lincar), hal ieu bisa dijadikeun pieunteungeun boh keur rahayat  
boh keur pamingpin, sedengkeun kategori pamingpin kuduna leuwih pinter batan  
anu dipingpina, harti pinter didieu dina harti kualitas dirina.  


Dina campur gaul sapopoe dina mangsa kiwari anu geus campur aduk jeung seler  
sejen, posisi heureuyna urang Sunda anu tadi geus disebutkeun nyoko kana  
otokritik can tangtu dipikaharti ku seler sejen, palebah dieu urang Sunda  
kudu ngaluarkeun jurus kapinteran si Kabayan nyaeta surti kana posisi diri  
(kualitas), siga heureuy Ungkal bakal kahartieun ku urang Ungkal deui, ku  
anu ti luar mah can tangtu kahartieun jeung urang Ungkal-na oge dina  
ngaluarkeun heureuyna teh tara sagawayah (hanjakal tulisan heureuy Ungkal  
bukuna can kapanggih asa dina majalah, koran..enyaan poho deui.abong kena  
geus kolot susah inget gampang poho teh enyaan, asana daerah Ungkal teh  
ayana di Sumedang ngan kuring teu apal dimana lebah-lebahna.).  


Heup ah..sakieu we heula.  
Hatur nuhun, mun ieu tulisan dianggap bener nya nuhun we, mun dianggap salah  
prak we dibenerkeun.  

Tina catetan M. Sasmita.  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar