Minggu, 12 Juni 2011

Lalangse Hate.............

Gusti lamun seug teu aya panitah ti anjeun anu ngawajibkeun dudunya, sim kuring mah jigana moal bade dudunya, cape hate geuningan.  Cape hate ngengklokan dunya teh? Ti kajauhan sapertos anu enya mani ngagupayan, tuluy ngaheroan jiga anu lindeuk ari tos caket  jol keleles ngaleos bari ngajebian. Teu acan tisisi ti gigirna anu pada hayang ngerekeb mani pahibut hayang paheula heula sieun teu kaagehan teu nolih kana hukum agama sareng darigama teu aya we rasa kamanusaan,  bae batur mah sangsara oge. Kitu manawi anu disebat akhir jaman teh Gusti?

Gusti lamun seug teu aya panitah ti Anjeun mah, sim kuring mah seja rek idek liher we di imah. Pimanaeun atuh sim kuring bisa ngumawula ka Anjeun anu samistina, atuh ngurangan ngurangan dosa meh teu paketrok teuing jeung batur. Sanes sieun teu kabagi dunya abdi teh Gusti, tapi sim kuring sieun meunang bebendon ti Anjeun. Sieun sim kuring kenging panyungkun ti Anjeun.

Gusti, Anjeun parantos nguningakeun ka sakumna ummat manusa urusan jodo pati bagja cilaka eta rusiah Anjeun. Sim kuring seja tumut kana parentah ti Anjeun, tapi ieu lalangse hate teu weleh jadi panghalang kana ka Iklasan sim kuring dina raraga kumawula ka Anjeun. Bantu sim kuring meresihanana.


Gusti...bantosan sim kuring meresihan hate ieu tina sipat sipat anu matak nyilakakeun diri sorangan komo matak nyilakakeun batur mah. Bersihkeun hate sim kuring tina sipat iri dengki hasud jail kanaiaya ka sasama. Beresihkeun hate sim kuring tina sipat sipat adu domba sumah tur namimah. Bersihkeun hate sim kuring tina sipat ujub riya sareng takabur.  Bersihkeun sim kuring tina sipat panjang kahayang anu teu munasabah jeung moal kaalaman. Ridlo keun hate sim kuring kana papasten ti Anjeun.

Gusti...sim kuring ageung manah, lamun seug eta jaminan ti Anjeun tiasa kamanahan ku sim kuring. Bakal teuneung ludeng ieu hate mayunan kahirupan anu samporet ieu.


Cag, Ki Aprak Jagat         

Kamis, 26 Mei 2011

KATRESNA ANU KUNGSI LEUNGIT

Rasa kamelang rasa kanyaah rasa kadeudeuh anu baheula kungsi karandapan, kiwari asa ngeusian deui rumpaka hate. Kadang sok hayang seuri sorangan lamun seug mikiran ka lebah dinya. Heueuh mana kitu oge meureunan rasa panitip ti Gusti anu kudu di tarimakeun ku satiap manusa keur disumebarkeun ka papada boh awewe boh lalaki.

Tara tara tisasari, geus heubeul aya hiji gambar anu pirajeuneun kekelemengan ngajak imut. Ayeuna geus mulan malen eta gambar teh meh saban usik kekelemengan bae dina kongkolak mata. Paribasa peureum kadeuleu beunta karasa anu daek samedin teuing teu iyeuh diaya aya. Sumpah daek beunghar saumur umur lamun bohong mah. Geus kitu bae jiga anu ngarti jeroan awak, tina kongkolak sok nuluy kana hate timbul rasa deudeuh ras nyaah rasa katresna anu balukarna sok tingseredet hate lalewang nineung kanu rajin nembongan ngajak imut ngajak ulin kana rumpaka hate. Jorojol lumpat kana sirah, eummh jungjunan hate iraha atuh urang patepang.

Lamun seug deukeut jeung teu loba urusan anu pakuat pakait jeung pakasaban mah rek diteang kalember matuhna di lembur Cineam. Dalah di kumaha ayeuna apanan keur usum tandur, lebar sawah anu ngan sakotak kotakna bisi bangkar teu kaurus. Jaba lamun sore kudu ngala jukut keur maraban si Layung domba kukut meunang hayang  ti bubudak.

Pasosore harita basa keur ngala jukut manehna ngelemeng "..duh nyimas, na pameunteu salira teh kekelemengan bae dina kongkolak panon akang, meureunan nyimas teh keur sono ka akang.." ujug ujug ngagerentes dina hate. Ari leungeun mah jongjon we rumbat rambet kana jukut. Ngan hate weleh  inget bae ka manehna. Untungna ari tetempoan mata lahir mah tetep rancingeus milih milih jukut anu bisa karambet eujeung sieun deui bisi ka seureud hileud besat. Lamun seug tea mah aya jelema gigireun anu bisa ngarasakeun kumaha seahna sora hate eumm jiga na bakal gogodeg. Ceuk nu bohong mah seahna hate harita leuwih seah ti   sora cai walungan Cipeles anu umpal umpalan.

Hiji waktu mah basa keur macul di kebon anu di lebak hate ngocomang. "...nyimas akang keur macul geulis, jigana lamun nyimas aya disagigireun akang..tada teuing bagjana hate akang. Jiga na kebon sakotak teh tereh rengse dipaculan ari dibarengan ku imut nyimas anu semu kareueut.." Ceuk bohong na mah harita nempo kararas cau awir awiran katebak angin asa nempo nyimas gagupayan bari imut gagelenyu. Ngadangu sora gaang jeung cihcir oge asa ngadangu sora nyimas ngahariring cianjuran.

Beu aya kituna ieu hate, kieu rasana meureunan anu keur kabungbulengan ku nyimas urang Cineam. Katresna ieu teh baheula kungsi ngancik dina hate ngan lain keur nyimas. Keur bebene akang anu ayeuna jadi pamajikan batur. Kusabab akang kuciwa, ti harita akang nutup ieu hate keur sing saha bae..Ayeuna geuningan nyimas bisa ngabuka gembok hate akang anu taun taun akang simpen koncina meh teu kapanggih ku sasaha....




Hanca, Ki Aprak Jagat

Selasa, 08 Maret 2011

Rupa-rupa Wangunan jeung Pamakéanana



Umum:
- gedong: imah alus (bagus) tur badag (gede) anu biasana ditémbok
- joglo: adegan imah leutik basajan (bentuk rumah kecil)
- balé kambang: imaha anu diwangun disaluhureun balong, jsb. ('kambang' 'ngambang'), (yang dibangun diatas kolam, empang, dll)
- poporogok: imah siga saung, leutik tapi lumayan
- pakuwon: pakarangan tur imah nu sorangan
- ranggon: saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu luhur
- régol: panto gedé lawang pakarangan (en:gate, de: tor)
- saung: adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.


Pamaréntahan:
- babancong: wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén, ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
- balandongan: adegan samentara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat hiburan.
- balé désa: kantor pamong désa (kantor desa)
- balé kota: kantor walikota atawa bupati
- balé watangan: pangadilan
- gedong songko: imah bupati baheula
- kadaton, karaton
- pandapa (pendopo): tepas lega bagian hareup gedong kawadanaan, balé kota, jsb.
- kaputrén: bumi jeung pasaréan (tempat tidur) putri raja
- kaputran: bumi jeung pasaréan putra raja
- bénténg: adegan anu tohaga, biasana ngurilingan kota pikeun nahan panarajang musuh
- bui, panjara: paragi ngerem jelema nu meunang hukuman.


Tatani (pertanian) jeung Dagang:
- jongko, warung: tempat dagang, di pasar biasana eusina pinuh ku jongko
- palalangon: saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa nungguan huma
- leuit: gudang tempat nyimpen paré
- gosali: tempat gawéna panday (pandai besi)
- bédéng: imah-imah atawa adegan leutik paragi nu digarawé proyék wangunan jeung di kebon (rumah kecil tempat orang yang bekerja di kebun/ proyek bangunan)

Minggu, 27 Februari 2011

GONDANG

Naskah: Tatang Kosasih team kesenian: GURIANG

Rombongan mojang muru ka lisung, property/handprof diluyukeun

RAMPAK ISTRI
Dina iuh-iuh tanjung
Dina kalangkang katapang, deuh
Mojang ngarumpul ngariung
Nyangking halu rek ngagondang
Henteu eureun sukan- sukan
Dipirig kacapi suling

Kentrung lisung nu ngagondang
Sada ketuk sada kendang, deuh…
Harus sumawur ka manggung
Hawar-hawar ka beh anggang
Sorolok prang sorolok prang
Sorolok prang sorolok prang

AS ISTRI
Sorolok eor koroncang

TUTUNGGULAN

RS ISTRI
Yu batur cuang ka lisung
Urang makayakeun indung
Nutu bari ngahariring
Kawihna kawih ladrang
Kawihna kawih ladrang
Nutu ku halu karuhun
Kentrung trung, kentrung
Trong trang trong trang trong trang trong trung
Trong trang trong trang trong trang trong trung

Duh seuyang- seuyang duh seuyang
Duh seuyang seuyang duh seuyang
AS ISTRI
Aduh seuyang seuyang duh seuyang

Trang tring tung tarutunggulan
Ngagondang talari buhun
Nu maranti warisan ti nini aki
Tutungkusan adat pamake baheula
Reureuh cape ngahariring
Hariring muni kaeling
Duh seuyang seuyang duh seuyang

Rombongan jajaka lebet ka pentas bari ngawih lagu Padayungan

RS Pameget
Durirang duraring ngahariringna
Durirang duraring ngahariringna
Ngahariring Padayungan
Gandang ngalengkahna
Ginding ngagedigna
Siga menak Pajajaran
-------------------------------
Caang bulan narawangan
Alam padang lenglang taya aling-aling

Hawar-hawar sora lisung tutunggulan
Moal boa para mojang keur ngagondang

Hayu batur urang pada sukan-sukan
Rang cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Urang ngintip mojang lenjang
Nu garinding keur ngagondang

DIALOG PARA MOJANG SARENG JAJAKA

RS ISTRI
Malam ini melati mekar di taman
Aduh sayang, kumbangnya tak kunjung datang

RS PAMEGET
Oh rembulan, jangan risau jangan bimbang
Ada madu pasti si kumbang datang

RS ISTRI
Walau banyak ya Tuan, bintang di awan
Tak melawan bulan satu
Walau banyak ya Tuan kumbang menjelang
Tidak menawan hatiku, Aduh nanti dahulu

RS PAMEGET
Kita tahu bintang suka pura-pura
Dalam kelam berkedip di balik awan
Surya datang pura-pura tidak senang
Lebih baik manis berterus terang

RS ISTRI
Bukan risau ya Tuan, bukanlah bimbang
Rindu dendam tak karuan
Bukan Tuan yang kuharapkan menjelang
Satria dari kahyangan

RS PAMEGET
Aduh kita sialan
Dengkleung dengdek, dengkleung dengdek
Buah kopi buah kopi, raranggeuyan

PAMEGET 1
Tah nu eta anu pendek, anu dewek
PAMEGET 2
Tuh nu itu anu lenjang, anu urang
PAMEGET 3
Keur uing mah anu eta nu bahenol
PAMEGET 4
Pangsisina eta mah bagian urang
PAMEGET 5
Uing mah kajeun sesana
Nu centik bulu…….socan

AS PAMEGET 1
Daek milih ka akang jajaka desa
Deuh gagah perceka, banyak harta

AS ISTRI 1
Tak percaya rayuan pemuda
Pemuda jaman sekarang
Bicara sembarang gampang


RS ISTRI
Katanya abang cinta
Bersumpah abang sayang
Padahal nyatanya mata kranjang

RS PAMEGET
Duh teungteuingeun
Nampik teh sapajodogan
Walau dinda tidak senang
Di hati tetap terkenang

AS PAMEGET 2
Ka kuring mah asana mustahil benci
Deuh punya garansi, tak beristri

AS ISTRI 2
Tak percaya mulut laki-laki
Biasa mulut berjanji di rumah beranak istri

RS ISTRI
Katanya anak muda, gaya masih jejaka
Padahal cucunya sudah lima

RS PAMEGET
Duh, bukan cucu itu mah anaknya anak
Abang sumpah brani mati
Belum kawin dua kali

RS PAMEGET
Kalau dinda cinta kan ku bawa?
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Atau abang minta sama bapak?
RS ISTRI
(Jangan)
RS PAMEGET
Mari janji
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Mari berkenalan
RS ISTRI
(Jangan)
RS PAMEGET
Mari, mari !
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Mari bertunangan!
RS ISTRI
(Jangan)

Solali lali, solali lali, solali solali lali
Solali solali, wao wao waeng

RS PAMEGET
Dinda kan ku puja sepanjang masa
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Kan ku sunting bak sekuntum bunga
RS ISTRI
(Jangan)
RS PAMEGET
Mari dinda
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Oh mari rembulan
RS ISTRI
(Jangan)
RS PAMEGET
Mari!, mari
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Mari kita pulang (Jangan)

RS ISTRI
Kami berjanji, kami berjanji
Walaupun dirantau orang
Kandaku selalu……..
AS ISTRI
Dalam kenangan……….
----------------------------------------------------------------------
RS ISTRI/PAMEGET
Yu batur urang mulang babarengan
Ayeuna urang teh geus beubeunangan
Yu batur urang mulang sauyunan
Eusian saban widang pangwangunan

Minggu, 23 Januari 2011

Kidung Sunda

Kidung Sunda

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali
nyambuang ka bala rea
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan
Seni sunda sawe asli
Seni sunda pikeun suluk
Gambaran siloka diri
Hirup ulah kajongjonan
Mawa diri sing taliti
Satincak make pikiran
Pikiran ieu pepeling
Pepeling jalan pituduh
Nuduhkeun diri sing lilir
Hahalang lugay disinglar
Mun hayang salamet diri
Di dunya ukur ngumbara
Peupeujeuh sing repeh rapih
Repeh rapih nu salembur
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat jadi salogak
Pageuh pakuat-pakait
Ulah ingkah bali-lahan
Anrubna ngajadi hiji
Ngahiji ngajadi dulur
Sadaya mahlukna Gusti
Hubungan sabilulungan
Kedalkeun katineung ati
Ka ibu sareng ka rama
Neneda ka Maha Suci
Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami
Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring
Nyawer anu pangantenan
Nyanggakeun mugi ditampi.

Rabu, 19 Januari 2011

Nurkala Kalimantra Geger di Suralaya

Kelirbeling tabir Gusti
Tabire ya wong ngawayang
Wayang manut maring dalang
Dalange murba ing wayang
Kelire layarmaya Gusti
MERCUKUNDA, SURALAYA.—Sang Hyang Pramesti Guru Jagatnata, ya Sang Hyang Otipati Pangawasa Jagat Triloka, linggih ing kursi Gading Gilang Kencana, dipunadhep dening para dewa, para batara, para sang hyang, para bidadara, para hapsara sadaya warga Sorgaloka.

JAGATNATA: Kakang Panji Narada, Kang—kunaon kahanan di Kahyangan jadi kiyeu kaayaanana? Kawah Candradimuka ngagolakgalak, magma hurungtutung, lindu urugmeledug, Gapura Selamatangkep pada bareulahbencah, Istana rusakporak. Prahara naon iyeu, Kang Panji?

NARADA: Aduh, Adi Guru—ampun sarebu ampun. Sedaya iyeu lantaran balamala raksasa ti nagari Tunggulwesi anu dipimpin ku Jendral Nurkala Kalimantra. Anjeuna menta tahta sorga. Kitu, Gusti Pramesti.

JAGATNATA: O jagat dewa batara! Dasar danawa teu boga tatakrama. Kunaon teu dicekal?

NARADA: Parantos, Adi Guru—Cingkarabala sareng Balaupata bisa ngabendung balamala raksasa ngangge nutup Gerbang Selamatangkep. Ayeuna wadyabalana aya di padang Repatkepanasan. Kaula nyuhun pituduh, Adi Guru.

JAGATNATA: Ulah diumbar balabuta nete ngagele Kahyangan. Suruh minggat! Usir! Yen perlu basmi!

NARADA: Sumangga, Gusti! Permiyos—Indra!

INDRA: Kaulanun!

NARADA: Atur sakabeh kakuatan tempur Suralaya demi ngabasmi balamala Nurkala Kalimantra.

INDRA: Sayagi!
“Para dewa sigra lumampah: Batara Brama, Batara Wisnu, Batara Surya, Batara Bayu, Batara Kamajaya, Batara Sambu, Batara Kuwera, Batara Yamadipati, Batara Aswan, Batara Aswin, Batara Bermana, Batara Bermani, Batara Bermana-kanda, Batara Citragada, Batara Citrasena, Batara Sambodana, Batara Rawiatmaja, Batara Karaba, Hyang Patuk, Hyang Tem-boro, Hyang Dewanggana, Hyang Dewasana, Hyang Dewang-kara, Hyang Sanggana, Hyang Pancadewa, Hyang Pancaweda, Hyang Dewatama,—”
“Inggih! Inggih! Inggih! Inggih!—”


Sigra para dewa basmi mala Triloka!
Wadyabala Buta-buta mala padha laga

REPATKEPANASAN.—Jendral Nurkala Kalimantra nunggu pinuh napsu amarah kagilagila sirik kapatipati, benci kagirigiri.

KALIMANTRA: Grrrk-cuah-huahaha… e, e, bojleng-bojleng iblis najis pada bengis! Mana si Jagatnata? Pasti nyamuni dina kelek widadari! Ajrih ka awak kaula! Huahaha… naha nu kitu patut jadi maharajadiraja para dewa? Hade turun tina tahta andika, Jagatnata! Serahkeun ka aing! Lamun henteu, Suralaya dijieun kiamat!

KALAMURKA: Tobat, Gusti—tingali! Gapura Selamatangkep dibuka. Para dewa nantang perang!

KALIMANTRA: Grrrk-cuah! Laknatkeparat! Serbu!
“Serbu! Serbu! Serbu! Serbuuu—”
Bala satru Buta maju
Garang sami nyerang

“Sia wani ka dewa?”
“Why not? Sia jago, aing jago! Sia lalaki, aing lalaki! Buktikeun: saha anu leuwih lalaki, saha anu leuwih jagoan!”
“Khhk-cuah! Buta edan!”—(Clap!)—“Ciiaatt!”—(Jder!) Adujotos bedas! (Bet!)—“Hih!”—(Dez! Dig! Bugh!)—“Hegkh!”—(Bruk!)
“Ayo montekar, Dewa!” + “D-du-uh… tob-ba-at….”
Dudupak galak! (Brak!)—“Aakkhh!”
Tan kocapa dewa pada mati suri.
“Brama kalah! Bayu mundur!”
“Para dewa mundur! Mundur!”
“Mundur! Mundur! Mundur!—”
NARADA: Cilaka! Para dewa kalah digdaya. Wisnu!

WISNU: Yes, Sir!

NARADA: Maju!

WISNU: Siap!

“Nurkala Kalimantra! Ladeni aku Batara Wisnu!”
“Saha? Wisnu? Ayo maju—mana
jago dewa? Grrrk-cuah! Lha naha malah molor? O tiarap! Nanaonan, Wisnu?”
“Ulah nanya mamala! Rasakeun rudal Cakra—mampus jiwamu!”—(Wuzz! Clap!)
(Krep!)—“Huahaha… rudal jiga kiyeu mah moal mantak teurak!”—(Pluk! Ccss!)
“Edan! Apes, Wisnu!”
“Aduuhh cilakaaa—”
“Lumpat!Lumpat!Lumpat!”

Dewa tawur ancurmumur
Pada kaburmabur.

NARADA: Aduh, Adi Guru—cilaka! Para dewa teu daya teu upaya; para hyang teu menang. Kumaha, Adi Guru?

JAGATNATA: Kakang Panji Narada sumangga andika lumampah ka mayapada demi milari jago dewata—lalaki langit lalanang jagat!

NARADA: Sayagi, Adi Guru!

Kala tumiba gara-gara:
Pertanda madiacarita

KARANG KABOLOTAN.—Desa luar kota. Dusun buhun. Dukuh jauh. Nyempil! Di tengah huma, dina sahiji tebing miring, na lelengkung gunung, aya saung injuk. Eta teh imahna Ki Semar Badranaya sakulawarga para panakawan Amarta. Teu aya polusi kota, hurup merdeka bagjabahagia. Panakawan pada bobodoran.

Lir ilir, lir ilir
Tandurna geus sumilir

“Anu, Dawala—kadieu! Bawa bedog jeung suluh.”
“Keur naon?"
“Nyieun api! Amih haneut: pasore-sore—pepedhut tarurun, yeuh. Eh, si Gareng mana?”
“Teuing! Neangan begu, meureun? Hawa siga kiyeu: loba kutu-jagong hama huma.”
“Ari, Bapa—ka mana?”
“Nungguan Agan Arjuna!”
“Di pucuk gunung?”
“Heu-euh, brrr… tiris euy!”
“Yeuh beuleum sampeu!”
“Ah, bosen! Hawana kiyeu: kangen bebene! Hehehe….”
Cinta dipujapuja
Rindu diburuburu
“Geulis, kabogoh kuring!”
“Walah!”
SEMAR: Kumaha, Gan?

ARJUNA: Parasut Tunggulnaga sareng rudal Ardadedali leres lagragna di iyeu gunung. Tingali, tugeuning! Untung teu bitu bareng pesawat tempur pangangkut Ardadedali anu ditembak lagrag ku musuh.

SEMAR: O, o, o.

ARJUNA: Hayu ka Indraprasta. Muga-muga kakang Yudistira geus manggihan deui pusaka nagara Kalimasada.

SEMAR: Mangga, Gan.—Jang, hayu ka kota!
“Nah!” + “Beres, Pa!”
“Buru, Dawala. Ka kota!”
Turun gunung Arjuna
Rambah belantararaya

Cekal Cakil
Si Butajail

MARGASOPANA.—Jendral Arjuna sareng Panakawan ngadhepi begal jalanan.
“E-eureun! S-stop! S-saha ngaran? A-arek ka m-mana? Ti m-mana? Lima rebu! Cepet!”
“Elho! Nodong?”
“Jotos, Reng!”
(Jduk!)—“Ghk!”
“Pragalba, Rambutgeni, Galiuk, Buta Terong—maju serbu!”
“Siap!” “Beres!” “Szip!” “O’eh!”—(Jlap! Jlap! Jlap!)—“Awas!”—(Klik!)—“Hiiaa!”—(Dreder-der...!)—“Modar sia!”
“Hehehe… Buta bego!”
Buta-buta samia sirnaperlaya
Lajeng Arjuna katemu Narada

NARADA: Eladah… bergenzong anak wong bakal diboyong! Kabeneran, Jun—kapanggih. Oge Kakang Semar, hahaha… kumaha kabarna?

SEMAR: Kabar kabur! Eh, Nar—naha dewa kuluyuran? Apa di kahyangan kurang pagawean, ya?

NARADA: Waduh, Kakang Semar—punten. Kahyangan geger! Suralaya digempur balamala Nurkala Kalimantra. Para dewa pada kalah, pada pasrah! Widadari pada susah! kaula diutus milari jago dewata di mayapada. Kitu, Kakang Semar.

SEMAR: O, o, o… saha tadi? Nurkala Kalimantra! Pantes! Anjeuna eta teh masih nunggal turunan sareng raksasaraja Kalimataya anu ngabedahbubrah Suralaya nanging tiyasa ditumpastampis ku maharesi nuklir Prof Manumayasa. Ayeuna teu aya jago dewata iwal ti Jendral Arjuna.

NARADA: Leres, Kakang Semar! Kumaha, Jun?

ARJUNA: Sayagi!

Kebat Arjuna gempur malasatru
Laralena. Maot! Datan kumejot!

REPATKEPANASAN.—Rudal Ardadedali nembak telak Nurkala Kalimantra. Ngabeledug bitu nyapu pageblug!
“Kalimantra mati!”
“Hidup Arjuna!”
Kalimantra sirnaperlaya
Kalimasada jayawaluya


Artikel Padalangan

Sastra padalangan mangrupi rekabasa sastra anu diangge para dalang dina pagelaran wayang. Jenis sastra padalangan biasa dibagi janten tujuh, nyaeta murwa, nyandra, antawacana, rumpaka, sora, sareng carita.

Murwa
Murwa mangrupi suluk bubuka pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina miwitan caritana. Murwa kasup salah sahiji jenis puisi padalangan. Jenis lainna sendon sareng gregetsaut. Di handap hiji conto murwa anu dicatet ti dalang Dédé Amung Sutarya dina lakonJaya Renyuan:
Adam adam babuh lawan
Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya
Dangiang wayang wayanganipun
Perlambang alam sadaya
Semar sana ya danar guling
Basa sem pangangen-angen
Mareng ngemaraken Dzat Kang Maha Tunggal
Wayang agung wineja wayang tunggal
Wayang tunggal
Nyandra
Nyandra hartosna paparan carita anu mangrupi janturan sareng pocapan. Janturan basa prosa dalang kangge caritakeun jejer atawi adegan hiji nagara, kaayan panggonan, watak wayang, sareng perkawis anu dirembag ngangge iringan gamelan. Pocapan mirip sareng janturan nanging teu ngangge iringan gamelan, saukur ngangge iringan dodogan cempala. Di handap conto nyandra adegan nagara Dwarawati anu dicatet tina nyandra dalang Dede Amung Sutarya:
Suh rep data pitana! anenggih wau kocapa negara ing pundi ingkang kaeka adi dasa nama purwa, eka sawiji adi linuwih dasa sapuluh nama iku panjenengan purwa nami wiwitan. Sandyan katah titahing dewa kasongan ing akasa, sinangga ing pertiwi, kaideng ing samudra, tebih ing parang muka, dasar negara Dwarawati silokane jero tancebe, jembar laladane, gede obore, duwur kukuse, padang jagate, adoh kakoncarane. Sigeg ingkang murweng kawi paparab kang dadi nalendra, inggih kang ngarenggani pura, jejeneng Sri Maha Batara Kresna ya Prabu Jenggalamanik, Prabu Harimurti, Prabu Padmanaba, Prabu Basudewaputra, saweg dipunadep dening ingkang rayi Arya Setiyaki lan ingkang raka Patih Udawa. Sreg tumeluk kaya kuncim pertala mukanipun sarta kadiya tata malih krama paningalipun admanegara lan Udawa saking ajrih dateng pangkonan. Samya prapta ngabiyantara, jajar denira pinara.
Sarengsena nyandra biasana dilajengken kana suluk anu disaluyukeun sareng nyandrana. Upami bade mungkas nyandra biasana dalang ngangge suluk sapertos di handap:
Saur nira tandana panjang
Sinenggih sabda ya uninga lawan
Sabda ya uninga lawan
Saur nira tandana panjang sinengih
Sabda uninga wis mama
Ulun layu dening sekti ala bakti dening asih
Ya ding asih
Wong asih ora katara
Dilajengkeun kana suluk sapertos:
Betet ijo Kepodang ulese kuning
Abang manuke wulung kadya wowor
Sandang rawit puter gemeke ya lurilurik
Dadanira kinuwungan ya kinuwungan
Kadya bocah ngangge kakalung
Ningsor Waringin wulung
Teras dipungkas ku suluk:
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar cahayanira
Kadya kunang-kunangan
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar socanira
Kadya parada tinabur
Kadya kunang-kunangan
Sekar wijaya kusuma lawan
Pocapan
Sarengsena suluk, dilajengkeun kana pocapan anu patali sareng antawacana. Pocapan iyeu kangge nganteur kana caturan wayang. Contona:
Sri Maha Betara Kresna ngandika kedaling lisan sungkan pangaribawa watek wantos raja wis gelar batara.
Antawacana
Antawacana, nyaeta caturan wayang dina adegan. Antawacana sami sareng dialog dina drama, bentena dialog drama diucapkeun ku lobaan, sedengkeun antawacana dicaturkeun ku sorangan. Dina antawacana dalang kedah tiasa ngolah wanda sorana sangkan benten dina caturan wayang-wayangna. Bentenna wanda sora ngan aya dina basa lesan; sedengkeun dina basa tulis dibentenkeun ku jeneng wayang sareng logat tulisanna.
Di handap conto antawacana anu dicatet ti dalang Dede Amung Sutarya.
Kresna: Eladalah, Yayi, Yayi Setiaki.
Setiaki: Kaula nun.
Kresna: Kakang Patih Udawa.
Udawa: Lo, lo, lo, Hahahah… pun kakang Patih Udawa.
Kresna: Marajeng ka payun calikna.
Rumpaka
Rumpaka mangrupi kakawihan anu biasa dihaleuangkeun ku juru kawih sareng ku alok. Nanging rumpaka aya oge anu kalebet rumpaka dalang nyaeta, kakawihan anu diangge dina bodoran. Panakawan biasa sempal kapiguyon sareng kakawihan.

Kakawihan anu biasa diangge dina bodoran loba jenisna, wiwit tina kakawihan klasik dugi kana lagu-lagu modern. Conto rumpaka dihandap, "Lagu Nu Ngusep" dikawihkeun ku si Cepot dina lakon Jaya Renyuan garapan Dede Amung Sutarya:
Barung herang liar mijah
Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil
Mawa epan rupa-rupa
Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud
Plung kecemplung plung kecemplung
Empan teuleum kukumbul ambul-ambulan
Kenur manteng jeujeur jeceng
Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi
Kop tah lauk mere dahareun
Mangga mangga mangga geura tuang
Geura raos ditanggung deudeuieun
Mangga mangga ulah isin-isin
Empan cangkilu ungkul dilangkung
Empan papatong kalah dipelong
Ku epan colek kalah ngadelek
Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom
Sora
Saliyan ti murwa, nyandra, antawacana, sareng rumpaka, sastra padalangan oge ngangge sora anu nyarengan sabetan dina adegan bandayuda ogol begalan pati. Sora bisa mangrupi aukan, aduhan, lalaran sareng onomatopia. Sora dina bandayuda pagelaran wayang jadi leuwih rame lantaran diiringan kugamelan anu saluyu sareng adeganna. Sedengkeun sora dina basa tulis tiasa ngangge teknik tatatulis komik. Conto sora basa tulis di handap dicatet tina Lakonet garapan Ki Harsono Siswocarito:
“Khhk-cuah! Buta edan!”—(Clap!)—“Ciiaatt!”—(Jder!) Adujotos bedas!
(Bet!)—“Hih!”—(Dez! Dig! Bugh!)—“Hegkh!”—(Bruk!)
“Ayo montekar, Dewa!” + “D-du-uh… tob-ba-at….” Didupak galak! (Brak!)—“Aakkhh!”
“Ayo maju, Dewa!” + “Wani ka Brama?” + “Brama? O, iyeu jago Deksinapati: Dewa api kok kakubeku? Ayo maju! Heaah!”—(Clap!) Serbutinju (Bugh!) sepakporak
(Blak!)—“Rasakeun dewa—heaah!”—(Blar!) tamparmemar! “Tobaatt!”
Carita
Carita Sastra Padalangan tiasa dihimpun kana carita pakem, gubahan, sareng carangan. Carita pakem nyaeta carita anu saluyu sareng kitab-kitab pawayangan sapertos Mahabarata, Ramayana, Pustaka Rajapurwa, sareng lainna. Carita gubahan nyaeta carita anu parantos direkacipta saluyu sareng jamanna. Sedengkeun carita carangan mangrupi carita gagrag anyar anu sanggitanna saluyu sareng sastra padalangan gagrag anyar.
Tangtos sastra padalangan leuwih maneka warna. Di Tatar Sunda aya padalangan gaya Bandung, gaya Bogor, sareng gaya Cirebon. Di DKI aya gaya Betawi. Di Jawa Tengah aya gaya Surakarta, gaya Yogyakarta, sareng gaya Banyumas. Di Jawa Timur aya gaya Jawi Wetanan. Di luar Jawa, aya gaya Bali, gaya Banjar di Kalimantan, gaya Sasak di Nusa Tengara. Sadayana eta janten buktos kabinekaan sastra padalangan Indonesia