Minggu, 12 Juni 2011

Lalangse Hate.............

Gusti lamun seug teu aya panitah ti anjeun anu ngawajibkeun dudunya, sim kuring mah jigana moal bade dudunya, cape hate geuningan.  Cape hate ngengklokan dunya teh? Ti kajauhan sapertos anu enya mani ngagupayan, tuluy ngaheroan jiga anu lindeuk ari tos caket  jol keleles ngaleos bari ngajebian. Teu acan tisisi ti gigirna anu pada hayang ngerekeb mani pahibut hayang paheula heula sieun teu kaagehan teu nolih kana hukum agama sareng darigama teu aya we rasa kamanusaan,  bae batur mah sangsara oge. Kitu manawi anu disebat akhir jaman teh Gusti?

Gusti lamun seug teu aya panitah ti Anjeun mah, sim kuring mah seja rek idek liher we di imah. Pimanaeun atuh sim kuring bisa ngumawula ka Anjeun anu samistina, atuh ngurangan ngurangan dosa meh teu paketrok teuing jeung batur. Sanes sieun teu kabagi dunya abdi teh Gusti, tapi sim kuring sieun meunang bebendon ti Anjeun. Sieun sim kuring kenging panyungkun ti Anjeun.

Gusti, Anjeun parantos nguningakeun ka sakumna ummat manusa urusan jodo pati bagja cilaka eta rusiah Anjeun. Sim kuring seja tumut kana parentah ti Anjeun, tapi ieu lalangse hate teu weleh jadi panghalang kana ka Iklasan sim kuring dina raraga kumawula ka Anjeun. Bantu sim kuring meresihanana.


Gusti...bantosan sim kuring meresihan hate ieu tina sipat sipat anu matak nyilakakeun diri sorangan komo matak nyilakakeun batur mah. Bersihkeun hate sim kuring tina sipat iri dengki hasud jail kanaiaya ka sasama. Beresihkeun hate sim kuring tina sipat sipat adu domba sumah tur namimah. Bersihkeun hate sim kuring tina sipat ujub riya sareng takabur.  Bersihkeun sim kuring tina sipat panjang kahayang anu teu munasabah jeung moal kaalaman. Ridlo keun hate sim kuring kana papasten ti Anjeun.

Gusti...sim kuring ageung manah, lamun seug eta jaminan ti Anjeun tiasa kamanahan ku sim kuring. Bakal teuneung ludeng ieu hate mayunan kahirupan anu samporet ieu.


Cag, Ki Aprak Jagat