Rabu, 19 Januari 2011

Artikel Padalangan

Sastra padalangan mangrupi rekabasa sastra anu diangge para dalang dina pagelaran wayang. Jenis sastra padalangan biasa dibagi janten tujuh, nyaeta murwa, nyandra, antawacana, rumpaka, sora, sareng carita.

Murwa
Murwa mangrupi suluk bubuka pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina miwitan caritana. Murwa kasup salah sahiji jenis puisi padalangan. Jenis lainna sendon sareng gregetsaut. Di handap hiji conto murwa anu dicatet ti dalang Dédé Amung Sutarya dina lakonJaya Renyuan:
Adam adam babuh lawan
Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya
Dangiang wayang wayanganipun
Perlambang alam sadaya
Semar sana ya danar guling
Basa sem pangangen-angen
Mareng ngemaraken Dzat Kang Maha Tunggal
Wayang agung wineja wayang tunggal
Wayang tunggal
Nyandra
Nyandra hartosna paparan carita anu mangrupi janturan sareng pocapan. Janturan basa prosa dalang kangge caritakeun jejer atawi adegan hiji nagara, kaayan panggonan, watak wayang, sareng perkawis anu dirembag ngangge iringan gamelan. Pocapan mirip sareng janturan nanging teu ngangge iringan gamelan, saukur ngangge iringan dodogan cempala. Di handap conto nyandra adegan nagara Dwarawati anu dicatet tina nyandra dalang Dede Amung Sutarya:
Suh rep data pitana! anenggih wau kocapa negara ing pundi ingkang kaeka adi dasa nama purwa, eka sawiji adi linuwih dasa sapuluh nama iku panjenengan purwa nami wiwitan. Sandyan katah titahing dewa kasongan ing akasa, sinangga ing pertiwi, kaideng ing samudra, tebih ing parang muka, dasar negara Dwarawati silokane jero tancebe, jembar laladane, gede obore, duwur kukuse, padang jagate, adoh kakoncarane. Sigeg ingkang murweng kawi paparab kang dadi nalendra, inggih kang ngarenggani pura, jejeneng Sri Maha Batara Kresna ya Prabu Jenggalamanik, Prabu Harimurti, Prabu Padmanaba, Prabu Basudewaputra, saweg dipunadep dening ingkang rayi Arya Setiyaki lan ingkang raka Patih Udawa. Sreg tumeluk kaya kuncim pertala mukanipun sarta kadiya tata malih krama paningalipun admanegara lan Udawa saking ajrih dateng pangkonan. Samya prapta ngabiyantara, jajar denira pinara.
Sarengsena nyandra biasana dilajengken kana suluk anu disaluyukeun sareng nyandrana. Upami bade mungkas nyandra biasana dalang ngangge suluk sapertos di handap:
Saur nira tandana panjang
Sinenggih sabda ya uninga lawan
Sabda ya uninga lawan
Saur nira tandana panjang sinengih
Sabda uninga wis mama
Ulun layu dening sekti ala bakti dening asih
Ya ding asih
Wong asih ora katara
Dilajengkeun kana suluk sapertos:
Betet ijo Kepodang ulese kuning
Abang manuke wulung kadya wowor
Sandang rawit puter gemeke ya lurilurik
Dadanira kinuwungan ya kinuwungan
Kadya bocah ngangge kakalung
Ningsor Waringin wulung
Teras dipungkas ku suluk:
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar cahayanira
Kadya kunang-kunangan
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar socanira
Kadya parada tinabur
Kadya kunang-kunangan
Sekar wijaya kusuma lawan
Pocapan
Sarengsena suluk, dilajengkeun kana pocapan anu patali sareng antawacana. Pocapan iyeu kangge nganteur kana caturan wayang. Contona:
Sri Maha Betara Kresna ngandika kedaling lisan sungkan pangaribawa watek wantos raja wis gelar batara.
Antawacana
Antawacana, nyaeta caturan wayang dina adegan. Antawacana sami sareng dialog dina drama, bentena dialog drama diucapkeun ku lobaan, sedengkeun antawacana dicaturkeun ku sorangan. Dina antawacana dalang kedah tiasa ngolah wanda sorana sangkan benten dina caturan wayang-wayangna. Bentenna wanda sora ngan aya dina basa lesan; sedengkeun dina basa tulis dibentenkeun ku jeneng wayang sareng logat tulisanna.
Di handap conto antawacana anu dicatet ti dalang Dede Amung Sutarya.
Kresna: Eladalah, Yayi, Yayi Setiaki.
Setiaki: Kaula nun.
Kresna: Kakang Patih Udawa.
Udawa: Lo, lo, lo, Hahahah… pun kakang Patih Udawa.
Kresna: Marajeng ka payun calikna.
Rumpaka
Rumpaka mangrupi kakawihan anu biasa dihaleuangkeun ku juru kawih sareng ku alok. Nanging rumpaka aya oge anu kalebet rumpaka dalang nyaeta, kakawihan anu diangge dina bodoran. Panakawan biasa sempal kapiguyon sareng kakawihan.

Kakawihan anu biasa diangge dina bodoran loba jenisna, wiwit tina kakawihan klasik dugi kana lagu-lagu modern. Conto rumpaka dihandap, "Lagu Nu Ngusep" dikawihkeun ku si Cepot dina lakon Jaya Renyuan garapan Dede Amung Sutarya:
Barung herang liar mijah
Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil
Mawa epan rupa-rupa
Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud
Plung kecemplung plung kecemplung
Empan teuleum kukumbul ambul-ambulan
Kenur manteng jeujeur jeceng
Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi
Kop tah lauk mere dahareun
Mangga mangga mangga geura tuang
Geura raos ditanggung deudeuieun
Mangga mangga ulah isin-isin
Empan cangkilu ungkul dilangkung
Empan papatong kalah dipelong
Ku epan colek kalah ngadelek
Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom
Sora
Saliyan ti murwa, nyandra, antawacana, sareng rumpaka, sastra padalangan oge ngangge sora anu nyarengan sabetan dina adegan bandayuda ogol begalan pati. Sora bisa mangrupi aukan, aduhan, lalaran sareng onomatopia. Sora dina bandayuda pagelaran wayang jadi leuwih rame lantaran diiringan kugamelan anu saluyu sareng adeganna. Sedengkeun sora dina basa tulis tiasa ngangge teknik tatatulis komik. Conto sora basa tulis di handap dicatet tina Lakonet garapan Ki Harsono Siswocarito:
“Khhk-cuah! Buta edan!”—(Clap!)—“Ciiaatt!”—(Jder!) Adujotos bedas!
(Bet!)—“Hih!”—(Dez! Dig! Bugh!)—“Hegkh!”—(Bruk!)
“Ayo montekar, Dewa!” + “D-du-uh… tob-ba-at….” Didupak galak! (Brak!)—“Aakkhh!”
“Ayo maju, Dewa!” + “Wani ka Brama?” + “Brama? O, iyeu jago Deksinapati: Dewa api kok kakubeku? Ayo maju! Heaah!”—(Clap!) Serbutinju (Bugh!) sepakporak
(Blak!)—“Rasakeun dewa—heaah!”—(Blar!) tamparmemar! “Tobaatt!”
Carita
Carita Sastra Padalangan tiasa dihimpun kana carita pakem, gubahan, sareng carangan. Carita pakem nyaeta carita anu saluyu sareng kitab-kitab pawayangan sapertos Mahabarata, Ramayana, Pustaka Rajapurwa, sareng lainna. Carita gubahan nyaeta carita anu parantos direkacipta saluyu sareng jamanna. Sedengkeun carita carangan mangrupi carita gagrag anyar anu sanggitanna saluyu sareng sastra padalangan gagrag anyar.
Tangtos sastra padalangan leuwih maneka warna. Di Tatar Sunda aya padalangan gaya Bandung, gaya Bogor, sareng gaya Cirebon. Di DKI aya gaya Betawi. Di Jawa Tengah aya gaya Surakarta, gaya Yogyakarta, sareng gaya Banyumas. Di Jawa Timur aya gaya Jawi Wetanan. Di luar Jawa, aya gaya Bali, gaya Banjar di Kalimantan, gaya Sasak di Nusa Tengara. Sadayana eta janten buktos kabinekaan sastra padalangan Indonesia

Tidak ada komentar:

Posting Komentar