Minggu, 12 Juni 2011

Lalangse Hate.............

Gusti lamun seug teu aya panitah ti anjeun anu ngawajibkeun dudunya, sim kuring mah jigana moal bade dudunya, cape hate geuningan.  Cape hate ngengklokan dunya teh? Ti kajauhan sapertos anu enya mani ngagupayan, tuluy ngaheroan jiga anu lindeuk ari tos caket  jol keleles ngaleos bari ngajebian. Teu acan tisisi ti gigirna anu pada hayang ngerekeb mani pahibut hayang paheula heula sieun teu kaagehan teu nolih kana hukum agama sareng darigama teu aya we rasa kamanusaan,  bae batur mah sangsara oge. Kitu manawi anu disebat akhir jaman teh Gusti?

Gusti lamun seug teu aya panitah ti Anjeun mah, sim kuring mah seja rek idek liher we di imah. Pimanaeun atuh sim kuring bisa ngumawula ka Anjeun anu samistina, atuh ngurangan ngurangan dosa meh teu paketrok teuing jeung batur. Sanes sieun teu kabagi dunya abdi teh Gusti, tapi sim kuring sieun meunang bebendon ti Anjeun. Sieun sim kuring kenging panyungkun ti Anjeun.

Gusti, Anjeun parantos nguningakeun ka sakumna ummat manusa urusan jodo pati bagja cilaka eta rusiah Anjeun. Sim kuring seja tumut kana parentah ti Anjeun, tapi ieu lalangse hate teu weleh jadi panghalang kana ka Iklasan sim kuring dina raraga kumawula ka Anjeun. Bantu sim kuring meresihanana.


Gusti...bantosan sim kuring meresihan hate ieu tina sipat sipat anu matak nyilakakeun diri sorangan komo matak nyilakakeun batur mah. Bersihkeun hate sim kuring tina sipat iri dengki hasud jail kanaiaya ka sasama. Beresihkeun hate sim kuring tina sipat sipat adu domba sumah tur namimah. Bersihkeun hate sim kuring tina sipat ujub riya sareng takabur.  Bersihkeun sim kuring tina sipat panjang kahayang anu teu munasabah jeung moal kaalaman. Ridlo keun hate sim kuring kana papasten ti Anjeun.

Gusti...sim kuring ageung manah, lamun seug eta jaminan ti Anjeun tiasa kamanahan ku sim kuring. Bakal teuneung ludeng ieu hate mayunan kahirupan anu samporet ieu.


Cag, Ki Aprak Jagat         

Kamis, 26 Mei 2011

KATRESNA ANU KUNGSI LEUNGIT

Rasa kamelang rasa kanyaah rasa kadeudeuh anu baheula kungsi karandapan, kiwari asa ngeusian deui rumpaka hate. Kadang sok hayang seuri sorangan lamun seug mikiran ka lebah dinya. Heueuh mana kitu oge meureunan rasa panitip ti Gusti anu kudu di tarimakeun ku satiap manusa keur disumebarkeun ka papada boh awewe boh lalaki.

Tara tara tisasari, geus heubeul aya hiji gambar anu pirajeuneun kekelemengan ngajak imut. Ayeuna geus mulan malen eta gambar teh meh saban usik kekelemengan bae dina kongkolak mata. Paribasa peureum kadeuleu beunta karasa anu daek samedin teuing teu iyeuh diaya aya. Sumpah daek beunghar saumur umur lamun bohong mah. Geus kitu bae jiga anu ngarti jeroan awak, tina kongkolak sok nuluy kana hate timbul rasa deudeuh ras nyaah rasa katresna anu balukarna sok tingseredet hate lalewang nineung kanu rajin nembongan ngajak imut ngajak ulin kana rumpaka hate. Jorojol lumpat kana sirah, eummh jungjunan hate iraha atuh urang patepang.

Lamun seug deukeut jeung teu loba urusan anu pakuat pakait jeung pakasaban mah rek diteang kalember matuhna di lembur Cineam. Dalah di kumaha ayeuna apanan keur usum tandur, lebar sawah anu ngan sakotak kotakna bisi bangkar teu kaurus. Jaba lamun sore kudu ngala jukut keur maraban si Layung domba kukut meunang hayang  ti bubudak.

Pasosore harita basa keur ngala jukut manehna ngelemeng "..duh nyimas, na pameunteu salira teh kekelemengan bae dina kongkolak panon akang, meureunan nyimas teh keur sono ka akang.." ujug ujug ngagerentes dina hate. Ari leungeun mah jongjon we rumbat rambet kana jukut. Ngan hate weleh  inget bae ka manehna. Untungna ari tetempoan mata lahir mah tetep rancingeus milih milih jukut anu bisa karambet eujeung sieun deui bisi ka seureud hileud besat. Lamun seug tea mah aya jelema gigireun anu bisa ngarasakeun kumaha seahna sora hate eumm jiga na bakal gogodeg. Ceuk nu bohong mah seahna hate harita leuwih seah ti   sora cai walungan Cipeles anu umpal umpalan.

Hiji waktu mah basa keur macul di kebon anu di lebak hate ngocomang. "...nyimas akang keur macul geulis, jigana lamun nyimas aya disagigireun akang..tada teuing bagjana hate akang. Jiga na kebon sakotak teh tereh rengse dipaculan ari dibarengan ku imut nyimas anu semu kareueut.." Ceuk bohong na mah harita nempo kararas cau awir awiran katebak angin asa nempo nyimas gagupayan bari imut gagelenyu. Ngadangu sora gaang jeung cihcir oge asa ngadangu sora nyimas ngahariring cianjuran.

Beu aya kituna ieu hate, kieu rasana meureunan anu keur kabungbulengan ku nyimas urang Cineam. Katresna ieu teh baheula kungsi ngancik dina hate ngan lain keur nyimas. Keur bebene akang anu ayeuna jadi pamajikan batur. Kusabab akang kuciwa, ti harita akang nutup ieu hate keur sing saha bae..Ayeuna geuningan nyimas bisa ngabuka gembok hate akang anu taun taun akang simpen koncina meh teu kapanggih ku sasaha....




Hanca, Ki Aprak Jagat

Selasa, 08 Maret 2011

Rupa-rupa Wangunan jeung Pamakéanana



Umum:
- gedong: imah alus (bagus) tur badag (gede) anu biasana ditémbok
- joglo: adegan imah leutik basajan (bentuk rumah kecil)
- balé kambang: imaha anu diwangun disaluhureun balong, jsb. ('kambang' 'ngambang'), (yang dibangun diatas kolam, empang, dll)
- poporogok: imah siga saung, leutik tapi lumayan
- pakuwon: pakarangan tur imah nu sorangan
- ranggon: saung anu luhur pisan kolongna atawa anu diwangun dina tangkal kai nu luhur
- régol: panto gedé lawang pakarangan (en:gate, de: tor)
- saung: adegan leutik, biasana teu didindingan, ayana di sawah, kebon, paranti reureuh.


Pamaréntahan:
- babancong: wangunan leutik di sisi alun-alun baheula, panggung paragi gegedén, ayeuna mah siga tempat nu nongton kelas VIP di stadion.
- balandongan: adegan samentara pikeun narima sémah dinu hajat atawa tempat hiburan.
- balé désa: kantor pamong désa (kantor desa)
- balé kota: kantor walikota atawa bupati
- balé watangan: pangadilan
- gedong songko: imah bupati baheula
- kadaton, karaton
- pandapa (pendopo): tepas lega bagian hareup gedong kawadanaan, balé kota, jsb.
- kaputrén: bumi jeung pasaréan (tempat tidur) putri raja
- kaputran: bumi jeung pasaréan putra raja
- bénténg: adegan anu tohaga, biasana ngurilingan kota pikeun nahan panarajang musuh
- bui, panjara: paragi ngerem jelema nu meunang hukuman.


Tatani (pertanian) jeung Dagang:
- jongko, warung: tempat dagang, di pasar biasana eusina pinuh ku jongko
- palalangon: saung luhur di leuweung atawa di huma paranti ngintip sato atawa nungguan huma
- leuit: gudang tempat nyimpen paré
- gosali: tempat gawéna panday (pandai besi)
- bédéng: imah-imah atawa adegan leutik paragi nu digarawé proyék wangunan jeung di kebon (rumah kecil tempat orang yang bekerja di kebun/ proyek bangunan)

Minggu, 27 Februari 2011

GONDANG

Naskah: Tatang Kosasih team kesenian: GURIANG

Rombongan mojang muru ka lisung, property/handprof diluyukeun

RAMPAK ISTRI
Dina iuh-iuh tanjung
Dina kalangkang katapang, deuh
Mojang ngarumpul ngariung
Nyangking halu rek ngagondang
Henteu eureun sukan- sukan
Dipirig kacapi suling

Kentrung lisung nu ngagondang
Sada ketuk sada kendang, deuh…
Harus sumawur ka manggung
Hawar-hawar ka beh anggang
Sorolok prang sorolok prang
Sorolok prang sorolok prang

AS ISTRI
Sorolok eor koroncang

TUTUNGGULAN

RS ISTRI
Yu batur cuang ka lisung
Urang makayakeun indung
Nutu bari ngahariring
Kawihna kawih ladrang
Kawihna kawih ladrang
Nutu ku halu karuhun
Kentrung trung, kentrung
Trong trang trong trang trong trang trong trung
Trong trang trong trang trong trang trong trung

Duh seuyang- seuyang duh seuyang
Duh seuyang seuyang duh seuyang
AS ISTRI
Aduh seuyang seuyang duh seuyang

Trang tring tung tarutunggulan
Ngagondang talari buhun
Nu maranti warisan ti nini aki
Tutungkusan adat pamake baheula
Reureuh cape ngahariring
Hariring muni kaeling
Duh seuyang seuyang duh seuyang

Rombongan jajaka lebet ka pentas bari ngawih lagu Padayungan

RS Pameget
Durirang duraring ngahariringna
Durirang duraring ngahariringna
Ngahariring Padayungan
Gandang ngalengkahna
Ginding ngagedigna
Siga menak Pajajaran
-------------------------------
Caang bulan narawangan
Alam padang lenglang taya aling-aling

Hawar-hawar sora lisung tutunggulan
Moal boa para mojang keur ngagondang

Hayu batur urang pada sukan-sukan
Rang cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Urang ngintip mojang lenjang
Nu garinding keur ngagondang

DIALOG PARA MOJANG SARENG JAJAKA

RS ISTRI
Malam ini melati mekar di taman
Aduh sayang, kumbangnya tak kunjung datang

RS PAMEGET
Oh rembulan, jangan risau jangan bimbang
Ada madu pasti si kumbang datang

RS ISTRI
Walau banyak ya Tuan, bintang di awan
Tak melawan bulan satu
Walau banyak ya Tuan kumbang menjelang
Tidak menawan hatiku, Aduh nanti dahulu

RS PAMEGET
Kita tahu bintang suka pura-pura
Dalam kelam berkedip di balik awan
Surya datang pura-pura tidak senang
Lebih baik manis berterus terang

RS ISTRI
Bukan risau ya Tuan, bukanlah bimbang
Rindu dendam tak karuan
Bukan Tuan yang kuharapkan menjelang
Satria dari kahyangan

RS PAMEGET
Aduh kita sialan
Dengkleung dengdek, dengkleung dengdek
Buah kopi buah kopi, raranggeuyan

PAMEGET 1
Tah nu eta anu pendek, anu dewek
PAMEGET 2
Tuh nu itu anu lenjang, anu urang
PAMEGET 3
Keur uing mah anu eta nu bahenol
PAMEGET 4
Pangsisina eta mah bagian urang
PAMEGET 5
Uing mah kajeun sesana
Nu centik bulu…….socan

AS PAMEGET 1
Daek milih ka akang jajaka desa
Deuh gagah perceka, banyak harta

AS ISTRI 1
Tak percaya rayuan pemuda
Pemuda jaman sekarang
Bicara sembarang gampang


RS ISTRI
Katanya abang cinta
Bersumpah abang sayang
Padahal nyatanya mata kranjang

RS PAMEGET
Duh teungteuingeun
Nampik teh sapajodogan
Walau dinda tidak senang
Di hati tetap terkenang

AS PAMEGET 2
Ka kuring mah asana mustahil benci
Deuh punya garansi, tak beristri

AS ISTRI 2
Tak percaya mulut laki-laki
Biasa mulut berjanji di rumah beranak istri

RS ISTRI
Katanya anak muda, gaya masih jejaka
Padahal cucunya sudah lima

RS PAMEGET
Duh, bukan cucu itu mah anaknya anak
Abang sumpah brani mati
Belum kawin dua kali

RS PAMEGET
Kalau dinda cinta kan ku bawa?
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Atau abang minta sama bapak?
RS ISTRI
(Jangan)
RS PAMEGET
Mari janji
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Mari berkenalan
RS ISTRI
(Jangan)
RS PAMEGET
Mari, mari !
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Mari bertunangan!
RS ISTRI
(Jangan)

Solali lali, solali lali, solali solali lali
Solali solali, wao wao waeng

RS PAMEGET
Dinda kan ku puja sepanjang masa
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Kan ku sunting bak sekuntum bunga
RS ISTRI
(Jangan)
RS PAMEGET
Mari dinda
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Oh mari rembulan
RS ISTRI
(Jangan)
RS PAMEGET
Mari!, mari
RS ISTRI
(Tidak)
RS PAMEGET
Mari kita pulang (Jangan)

RS ISTRI
Kami berjanji, kami berjanji
Walaupun dirantau orang
Kandaku selalu……..
AS ISTRI
Dalam kenangan……….
----------------------------------------------------------------------
RS ISTRI/PAMEGET
Yu batur urang mulang babarengan
Ayeuna urang teh geus beubeunangan
Yu batur urang mulang sauyunan
Eusian saban widang pangwangunan

Minggu, 23 Januari 2011

Kidung Sunda

Kidung Sunda

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali
nyambuang ka bala rea
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan
Seni sunda sawe asli
Seni sunda pikeun suluk
Gambaran siloka diri
Hirup ulah kajongjonan
Mawa diri sing taliti
Satincak make pikiran
Pikiran ieu pepeling
Pepeling jalan pituduh
Nuduhkeun diri sing lilir
Hahalang lugay disinglar
Mun hayang salamet diri
Di dunya ukur ngumbara
Peupeujeuh sing repeh rapih
Repeh rapih nu salembur
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat jadi salogak
Pageuh pakuat-pakait
Ulah ingkah bali-lahan
Anrubna ngajadi hiji
Ngahiji ngajadi dulur
Sadaya mahlukna Gusti
Hubungan sabilulungan
Kedalkeun katineung ati
Ka ibu sareng ka rama
Neneda ka Maha Suci
Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami
Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring
Nyawer anu pangantenan
Nyanggakeun mugi ditampi.

Rabu, 19 Januari 2011

Nurkala Kalimantra Geger di Suralaya

Kelirbeling tabir Gusti
Tabire ya wong ngawayang
Wayang manut maring dalang
Dalange murba ing wayang
Kelire layarmaya Gusti
MERCUKUNDA, SURALAYA.—Sang Hyang Pramesti Guru Jagatnata, ya Sang Hyang Otipati Pangawasa Jagat Triloka, linggih ing kursi Gading Gilang Kencana, dipunadhep dening para dewa, para batara, para sang hyang, para bidadara, para hapsara sadaya warga Sorgaloka.

JAGATNATA: Kakang Panji Narada, Kang—kunaon kahanan di Kahyangan jadi kiyeu kaayaanana? Kawah Candradimuka ngagolakgalak, magma hurungtutung, lindu urugmeledug, Gapura Selamatangkep pada bareulahbencah, Istana rusakporak. Prahara naon iyeu, Kang Panji?

NARADA: Aduh, Adi Guru—ampun sarebu ampun. Sedaya iyeu lantaran balamala raksasa ti nagari Tunggulwesi anu dipimpin ku Jendral Nurkala Kalimantra. Anjeuna menta tahta sorga. Kitu, Gusti Pramesti.

JAGATNATA: O jagat dewa batara! Dasar danawa teu boga tatakrama. Kunaon teu dicekal?

NARADA: Parantos, Adi Guru—Cingkarabala sareng Balaupata bisa ngabendung balamala raksasa ngangge nutup Gerbang Selamatangkep. Ayeuna wadyabalana aya di padang Repatkepanasan. Kaula nyuhun pituduh, Adi Guru.

JAGATNATA: Ulah diumbar balabuta nete ngagele Kahyangan. Suruh minggat! Usir! Yen perlu basmi!

NARADA: Sumangga, Gusti! Permiyos—Indra!

INDRA: Kaulanun!

NARADA: Atur sakabeh kakuatan tempur Suralaya demi ngabasmi balamala Nurkala Kalimantra.

INDRA: Sayagi!
“Para dewa sigra lumampah: Batara Brama, Batara Wisnu, Batara Surya, Batara Bayu, Batara Kamajaya, Batara Sambu, Batara Kuwera, Batara Yamadipati, Batara Aswan, Batara Aswin, Batara Bermana, Batara Bermani, Batara Bermana-kanda, Batara Citragada, Batara Citrasena, Batara Sambodana, Batara Rawiatmaja, Batara Karaba, Hyang Patuk, Hyang Tem-boro, Hyang Dewanggana, Hyang Dewasana, Hyang Dewang-kara, Hyang Sanggana, Hyang Pancadewa, Hyang Pancaweda, Hyang Dewatama,—”
“Inggih! Inggih! Inggih! Inggih!—”


Sigra para dewa basmi mala Triloka!
Wadyabala Buta-buta mala padha laga

REPATKEPANASAN.—Jendral Nurkala Kalimantra nunggu pinuh napsu amarah kagilagila sirik kapatipati, benci kagirigiri.

KALIMANTRA: Grrrk-cuah-huahaha… e, e, bojleng-bojleng iblis najis pada bengis! Mana si Jagatnata? Pasti nyamuni dina kelek widadari! Ajrih ka awak kaula! Huahaha… naha nu kitu patut jadi maharajadiraja para dewa? Hade turun tina tahta andika, Jagatnata! Serahkeun ka aing! Lamun henteu, Suralaya dijieun kiamat!

KALAMURKA: Tobat, Gusti—tingali! Gapura Selamatangkep dibuka. Para dewa nantang perang!

KALIMANTRA: Grrrk-cuah! Laknatkeparat! Serbu!
“Serbu! Serbu! Serbu! Serbuuu—”
Bala satru Buta maju
Garang sami nyerang

“Sia wani ka dewa?”
“Why not? Sia jago, aing jago! Sia lalaki, aing lalaki! Buktikeun: saha anu leuwih lalaki, saha anu leuwih jagoan!”
“Khhk-cuah! Buta edan!”—(Clap!)—“Ciiaatt!”—(Jder!) Adujotos bedas! (Bet!)—“Hih!”—(Dez! Dig! Bugh!)—“Hegkh!”—(Bruk!)
“Ayo montekar, Dewa!” + “D-du-uh… tob-ba-at….”
Dudupak galak! (Brak!)—“Aakkhh!”
Tan kocapa dewa pada mati suri.
“Brama kalah! Bayu mundur!”
“Para dewa mundur! Mundur!”
“Mundur! Mundur! Mundur!—”
NARADA: Cilaka! Para dewa kalah digdaya. Wisnu!

WISNU: Yes, Sir!

NARADA: Maju!

WISNU: Siap!

“Nurkala Kalimantra! Ladeni aku Batara Wisnu!”
“Saha? Wisnu? Ayo maju—mana
jago dewa? Grrrk-cuah! Lha naha malah molor? O tiarap! Nanaonan, Wisnu?”
“Ulah nanya mamala! Rasakeun rudal Cakra—mampus jiwamu!”—(Wuzz! Clap!)
(Krep!)—“Huahaha… rudal jiga kiyeu mah moal mantak teurak!”—(Pluk! Ccss!)
“Edan! Apes, Wisnu!”
“Aduuhh cilakaaa—”
“Lumpat!Lumpat!Lumpat!”

Dewa tawur ancurmumur
Pada kaburmabur.

NARADA: Aduh, Adi Guru—cilaka! Para dewa teu daya teu upaya; para hyang teu menang. Kumaha, Adi Guru?

JAGATNATA: Kakang Panji Narada sumangga andika lumampah ka mayapada demi milari jago dewata—lalaki langit lalanang jagat!

NARADA: Sayagi, Adi Guru!

Kala tumiba gara-gara:
Pertanda madiacarita

KARANG KABOLOTAN.—Desa luar kota. Dusun buhun. Dukuh jauh. Nyempil! Di tengah huma, dina sahiji tebing miring, na lelengkung gunung, aya saung injuk. Eta teh imahna Ki Semar Badranaya sakulawarga para panakawan Amarta. Teu aya polusi kota, hurup merdeka bagjabahagia. Panakawan pada bobodoran.

Lir ilir, lir ilir
Tandurna geus sumilir

“Anu, Dawala—kadieu! Bawa bedog jeung suluh.”
“Keur naon?"
“Nyieun api! Amih haneut: pasore-sore—pepedhut tarurun, yeuh. Eh, si Gareng mana?”
“Teuing! Neangan begu, meureun? Hawa siga kiyeu: loba kutu-jagong hama huma.”
“Ari, Bapa—ka mana?”
“Nungguan Agan Arjuna!”
“Di pucuk gunung?”
“Heu-euh, brrr… tiris euy!”
“Yeuh beuleum sampeu!”
“Ah, bosen! Hawana kiyeu: kangen bebene! Hehehe….”
Cinta dipujapuja
Rindu diburuburu
“Geulis, kabogoh kuring!”
“Walah!”
SEMAR: Kumaha, Gan?

ARJUNA: Parasut Tunggulnaga sareng rudal Ardadedali leres lagragna di iyeu gunung. Tingali, tugeuning! Untung teu bitu bareng pesawat tempur pangangkut Ardadedali anu ditembak lagrag ku musuh.

SEMAR: O, o, o.

ARJUNA: Hayu ka Indraprasta. Muga-muga kakang Yudistira geus manggihan deui pusaka nagara Kalimasada.

SEMAR: Mangga, Gan.—Jang, hayu ka kota!
“Nah!” + “Beres, Pa!”
“Buru, Dawala. Ka kota!”
Turun gunung Arjuna
Rambah belantararaya

Cekal Cakil
Si Butajail

MARGASOPANA.—Jendral Arjuna sareng Panakawan ngadhepi begal jalanan.
“E-eureun! S-stop! S-saha ngaran? A-arek ka m-mana? Ti m-mana? Lima rebu! Cepet!”
“Elho! Nodong?”
“Jotos, Reng!”
(Jduk!)—“Ghk!”
“Pragalba, Rambutgeni, Galiuk, Buta Terong—maju serbu!”
“Siap!” “Beres!” “Szip!” “O’eh!”—(Jlap! Jlap! Jlap!)—“Awas!”—(Klik!)—“Hiiaa!”—(Dreder-der...!)—“Modar sia!”
“Hehehe… Buta bego!”
Buta-buta samia sirnaperlaya
Lajeng Arjuna katemu Narada

NARADA: Eladah… bergenzong anak wong bakal diboyong! Kabeneran, Jun—kapanggih. Oge Kakang Semar, hahaha… kumaha kabarna?

SEMAR: Kabar kabur! Eh, Nar—naha dewa kuluyuran? Apa di kahyangan kurang pagawean, ya?

NARADA: Waduh, Kakang Semar—punten. Kahyangan geger! Suralaya digempur balamala Nurkala Kalimantra. Para dewa pada kalah, pada pasrah! Widadari pada susah! kaula diutus milari jago dewata di mayapada. Kitu, Kakang Semar.

SEMAR: O, o, o… saha tadi? Nurkala Kalimantra! Pantes! Anjeuna eta teh masih nunggal turunan sareng raksasaraja Kalimataya anu ngabedahbubrah Suralaya nanging tiyasa ditumpastampis ku maharesi nuklir Prof Manumayasa. Ayeuna teu aya jago dewata iwal ti Jendral Arjuna.

NARADA: Leres, Kakang Semar! Kumaha, Jun?

ARJUNA: Sayagi!

Kebat Arjuna gempur malasatru
Laralena. Maot! Datan kumejot!

REPATKEPANASAN.—Rudal Ardadedali nembak telak Nurkala Kalimantra. Ngabeledug bitu nyapu pageblug!
“Kalimantra mati!”
“Hidup Arjuna!”
Kalimantra sirnaperlaya
Kalimasada jayawaluya


Artikel Padalangan

Sastra padalangan mangrupi rekabasa sastra anu diangge para dalang dina pagelaran wayang. Jenis sastra padalangan biasa dibagi janten tujuh, nyaeta murwa, nyandra, antawacana, rumpaka, sora, sareng carita.

Murwa
Murwa mangrupi suluk bubuka pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina miwitan caritana. Murwa kasup salah sahiji jenis puisi padalangan. Jenis lainna sendon sareng gregetsaut. Di handap hiji conto murwa anu dicatet ti dalang Dédé Amung Sutarya dina lakonJaya Renyuan:
Adam adam babuh lawan
Ingkang ngagelaraken cahya nur cahya
Dangiang wayang wayanganipun
Perlambang alam sadaya
Semar sana ya danar guling
Basa sem pangangen-angen
Mareng ngemaraken Dzat Kang Maha Tunggal
Wayang agung wineja wayang tunggal
Wayang tunggal
Nyandra
Nyandra hartosna paparan carita anu mangrupi janturan sareng pocapan. Janturan basa prosa dalang kangge caritakeun jejer atawi adegan hiji nagara, kaayan panggonan, watak wayang, sareng perkawis anu dirembag ngangge iringan gamelan. Pocapan mirip sareng janturan nanging teu ngangge iringan gamelan, saukur ngangge iringan dodogan cempala. Di handap conto nyandra adegan nagara Dwarawati anu dicatet tina nyandra dalang Dede Amung Sutarya:
Suh rep data pitana! anenggih wau kocapa negara ing pundi ingkang kaeka adi dasa nama purwa, eka sawiji adi linuwih dasa sapuluh nama iku panjenengan purwa nami wiwitan. Sandyan katah titahing dewa kasongan ing akasa, sinangga ing pertiwi, kaideng ing samudra, tebih ing parang muka, dasar negara Dwarawati silokane jero tancebe, jembar laladane, gede obore, duwur kukuse, padang jagate, adoh kakoncarane. Sigeg ingkang murweng kawi paparab kang dadi nalendra, inggih kang ngarenggani pura, jejeneng Sri Maha Batara Kresna ya Prabu Jenggalamanik, Prabu Harimurti, Prabu Padmanaba, Prabu Basudewaputra, saweg dipunadep dening ingkang rayi Arya Setiyaki lan ingkang raka Patih Udawa. Sreg tumeluk kaya kuncim pertala mukanipun sarta kadiya tata malih krama paningalipun admanegara lan Udawa saking ajrih dateng pangkonan. Samya prapta ngabiyantara, jajar denira pinara.
Sarengsena nyandra biasana dilajengken kana suluk anu disaluyukeun sareng nyandrana. Upami bade mungkas nyandra biasana dalang ngangge suluk sapertos di handap:
Saur nira tandana panjang
Sinenggih sabda ya uninga lawan
Sabda ya uninga lawan
Saur nira tandana panjang sinengih
Sabda uninga wis mama
Ulun layu dening sekti ala bakti dening asih
Ya ding asih
Wong asih ora katara
Dilajengkeun kana suluk sapertos:
Betet ijo Kepodang ulese kuning
Abang manuke wulung kadya wowor
Sandang rawit puter gemeke ya lurilurik
Dadanira kinuwungan ya kinuwungan
Kadya bocah ngangge kakalung
Ningsor Waringin wulung
Teras dipungkas ku suluk:
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar cahayanira
Kadya kunang-kunangan
Sri tinon ing pasewakan
Busana manekawarna
Murub mubyar socanira
Kadya parada tinabur
Kadya kunang-kunangan
Sekar wijaya kusuma lawan
Pocapan
Sarengsena suluk, dilajengkeun kana pocapan anu patali sareng antawacana. Pocapan iyeu kangge nganteur kana caturan wayang. Contona:
Sri Maha Betara Kresna ngandika kedaling lisan sungkan pangaribawa watek wantos raja wis gelar batara.
Antawacana
Antawacana, nyaeta caturan wayang dina adegan. Antawacana sami sareng dialog dina drama, bentena dialog drama diucapkeun ku lobaan, sedengkeun antawacana dicaturkeun ku sorangan. Dina antawacana dalang kedah tiasa ngolah wanda sorana sangkan benten dina caturan wayang-wayangna. Bentenna wanda sora ngan aya dina basa lesan; sedengkeun dina basa tulis dibentenkeun ku jeneng wayang sareng logat tulisanna.
Di handap conto antawacana anu dicatet ti dalang Dede Amung Sutarya.
Kresna: Eladalah, Yayi, Yayi Setiaki.
Setiaki: Kaula nun.
Kresna: Kakang Patih Udawa.
Udawa: Lo, lo, lo, Hahahah… pun kakang Patih Udawa.
Kresna: Marajeng ka payun calikna.
Rumpaka
Rumpaka mangrupi kakawihan anu biasa dihaleuangkeun ku juru kawih sareng ku alok. Nanging rumpaka aya oge anu kalebet rumpaka dalang nyaeta, kakawihan anu diangge dina bodoran. Panakawan biasa sempal kapiguyon sareng kakawihan.

Kakawihan anu biasa diangge dina bodoran loba jenisna, wiwit tina kakawihan klasik dugi kana lagu-lagu modern. Conto rumpaka dihandap, "Lagu Nu Ngusep" dikawihkeun ku si Cepot dina lakon Jaya Renyuan garapan Dede Amung Sutarya:
Barung herang liar mijah
Clom kiriwil ari anclom ngagiriwil
Mawa epan rupa-rupa
Clom kurunyud lamun anclom sok ngurunyud
Plung kecemplung plung kecemplung
Empan teuleum kukumbul ambul-ambulan
Kenur manteng jeujeur jeceng
Leungeun lempeng panon mah naksir nu mandi
Kop tah lauk mere dahareun
Mangga mangga mangga geura tuang
Geura raos ditanggung deudeuieun
Mangga mangga ulah isin-isin
Empan cangkilu ungkul dilangkung
Empan papatong kalah dipelong
Ku epan colek kalah ngadelek
Lekcom lekcom panon belek nyambel oncom
Sora
Saliyan ti murwa, nyandra, antawacana, sareng rumpaka, sastra padalangan oge ngangge sora anu nyarengan sabetan dina adegan bandayuda ogol begalan pati. Sora bisa mangrupi aukan, aduhan, lalaran sareng onomatopia. Sora dina bandayuda pagelaran wayang jadi leuwih rame lantaran diiringan kugamelan anu saluyu sareng adeganna. Sedengkeun sora dina basa tulis tiasa ngangge teknik tatatulis komik. Conto sora basa tulis di handap dicatet tina Lakonet garapan Ki Harsono Siswocarito:
“Khhk-cuah! Buta edan!”—(Clap!)—“Ciiaatt!”—(Jder!) Adujotos bedas!
(Bet!)—“Hih!”—(Dez! Dig! Bugh!)—“Hegkh!”—(Bruk!)
“Ayo montekar, Dewa!” + “D-du-uh… tob-ba-at….” Didupak galak! (Brak!)—“Aakkhh!”
“Ayo maju, Dewa!” + “Wani ka Brama?” + “Brama? O, iyeu jago Deksinapati: Dewa api kok kakubeku? Ayo maju! Heaah!”—(Clap!) Serbutinju (Bugh!) sepakporak
(Blak!)—“Rasakeun dewa—heaah!”—(Blar!) tamparmemar! “Tobaatt!”
Carita
Carita Sastra Padalangan tiasa dihimpun kana carita pakem, gubahan, sareng carangan. Carita pakem nyaeta carita anu saluyu sareng kitab-kitab pawayangan sapertos Mahabarata, Ramayana, Pustaka Rajapurwa, sareng lainna. Carita gubahan nyaeta carita anu parantos direkacipta saluyu sareng jamanna. Sedengkeun carita carangan mangrupi carita gagrag anyar anu sanggitanna saluyu sareng sastra padalangan gagrag anyar.
Tangtos sastra padalangan leuwih maneka warna. Di Tatar Sunda aya padalangan gaya Bandung, gaya Bogor, sareng gaya Cirebon. Di DKI aya gaya Betawi. Di Jawa Tengah aya gaya Surakarta, gaya Yogyakarta, sareng gaya Banyumas. Di Jawa Timur aya gaya Jawi Wetanan. Di luar Jawa, aya gaya Bali, gaya Banjar di Kalimantan, gaya Sasak di Nusa Tengara. Sadayana eta janten buktos kabinekaan sastra padalangan Indonesia

Rabu, 12 Januari 2011

Heureuy Bandung


Ceuk kamus Sunda-Melayu R Satjadibrata anu terbit jaman Jepang taun 2604  
(ieu mah sigana taun Jepang, mun kana masehi mah meureun antara taun  
1944-45,..cik aya nu uninga teu kumaha konversina), hartina heureuy nyaeta  
“loeloetjon”.  

Lamun diilikan dina KUBS mah heureuy teh hartina banyol, kalakuan  
pangangguran pikeun karesepan sorangan atawa ngarah gumbira anu nenjo nu  
ngadenge, ngaheureuyan hartina ngaganggu bari jeung teu niat goreng,  
ngaheureuykeun hartina ngulinkeun atawa ngabobodo, lamun diilikan deui dina  
kamus basa Sunda meunang Budi R Tamsyah aya harti lain keur kecap  
ngaheureuyan nyaeta ngawerejit.  


Hartina Kabayan ceuk KUBS mah 1.tukang ngajaga paseban, 2. tukang ngaladenan  
dina hahajatan aya deui ceuk Ensiklopedi Sunda mah pembantu patih atawa  
Patinggi dina mangsa karajaan nepi ka mangsa kabupatian dina pamarentahan  
tradisional nepi ka ahir abad 19 tugasna nyaeta nepikeun paparentah raja  
atawa bupati ka rahayat, jadi kabayan didieu mah jabatan beda jeung tokoh Si  
Kabayan.  

Sigana anu ditanyakeun ku Kang Tatang Es mah heureuy dina harti banyol,  
lulucon, sedengkeun lulucon atawa banyol aya deui istilah anu mindeng  
kareungeu atawa kabaca diantarana “keom sakedap” (ieu ciri Kang SR), landong  
baeud ( ieu aya bukuna anu judulna Landong Baeud asana terbit dina taun  
1950an), Mangle nyebatna “barakatak”, atuh Kusnet mah mideng make istilah 4S  
(sura seuri siga sero).  


Ceuk sakaol heureuy keur Urang Sunda geus ngabaju, dimana US ngumpul pasti  
aya sempal guyon, babarakatakan saleuseurian, nepi ka aya anggapan US mah  
teu bisa diajak daria, aya bae heureuyna.  
R Purbacaraka boga pamanggih, banyol, lulucon (humor) anu panghadena, anu  
luhur ajena nyaeta banyol anu sanggeus urang bisa diajak seuri satuluyna  
dititah mikir mikiran eusi tina eta lulucon anu tungtungna urang bisa “ngaji  
diri” bisa ngaragap maneh, nganyahokeun kaayaan diri sorangan.  
Dina carita sapopoe Urang Sunda, tukang banyol, tukang heureuy euweuh deui  
iwal ti Si Kabayan, aya sarjana Walanda nu kungsi nyieun disertasina dina  
taun 1929 nyaeta Dr Coster Wijsman nyebutkeun euweuh deui nu pangbeungharna  
disakuliah nusantara ku carita lucu iwal ti di Tatar Sunda anu nyanda kana  
carita Si Kabayan.  


Carita Si kabayan kungsi dijieun buku ku CM Pleyte anu judulna Pariboga dina  
taun 1912, Bale Pustaka kungsi nerbitkeun Si Kabayan dina taun 1932,  
kabehdieunakeun loba buku anu terbit nu eusina dongeng-dongeng si Kabayan  
diantarana Min Resmana (Si Kabayan Tapa), Moh Ambri ( Si Kabayan Jadi Dukun,  
ceuk Ajip Rosidi ieu buku teh saduran tina buku pangarang Perancis Moliere  
anu judulna La Medicine Malgre Lui).  


Salian ti Si Kabayan aya deui tokoh sejen nyaeta Mama Lengser ( sok aya nu  
nyebut Mamang Lengser, Ua Lengser) dina carita pantun jeung si Cepot dina  
carita wayang golek.  


Hartina Lengser ceuk kamus Satjadibrata nyeta jelema kapercayaan raja jaman  
baheula, aya deui anu nyebutkeun hartina teh turun, lungsur.  


Dina carita pantun tingkah paripolah Mama Lengser mindeng ngondang  
pikaseurieun, boh ucapna boh ringkak paripolahna, malah ku anu  
ngadarengekeun carita pantun mah bijilna Mama Lengser teh sok didaragoan  
alatan loba lucuna, kitu deui si Cepot dina carita wayang golek, malah lamun  
urang lalajo wayang nu dalangna Asep Sunandar Sunarya, porsi bijilna si  


Cepot teh siga anu dijadikeun kojo boh heureuyna anu ngageuhgeuykeun kaayaan  
jaman kiwari boh kalakuanana anu kalan-kalan siga anu cunihin.  
Peran Mama Lengser dina carita pantun digambarkeunana teh siga anu tetep,  
umurna geus kolot, awakna bayuhyuh, papakean teu matut, tapi ieu tokoh teh  
bisa komunikasi jeung Raja kitu deui bisa komunikasi jeung rahayat perana  
meh sarua jeung si Cepot.  


Raja bisa disebut nu ngawakilan “alam atas”, Lengser ngawakilan “alam  
tengah” jeung rahayat anu disebut “alam bawah”, dina kosmologi urang Sunda  
aya nu disebut Tri Tangtu, Buana Nyungcung (alam baka, alam para dewa),  
Buana Pancatengah (medium) jeung Buana Rarang (alam fana, alam manusa).  
Mama Lengser bisa disebut medium anu ngahubungkeun antara dunya raja jeung  
rahayatna, anu ngahubungkeun antara karaton jeung masyarakatna, tangtu we  
inyana kudu bisa kabula kabale, sagala parentah raja ditepikeun ka  
rahayatna, kitu deui kahayang rahayat ditepikeun ka rajana.  


Nu sok jadi bahan gogonjakan Mama Lengser teh wujud kasarna (awakna) ari  
wujud lemesna (spiritualna) kacida dihargaanana utamana kajujuranana,  
pituahna, (bandingkeun jeung Semar atawa si Cepot dina carita wayang), matak  
teu aneh sanajan raja oge sok ngumaha ka Mama Lengser kitu deui rahayat  
sejena, dina prakna mere pituah teh tara ieuh umangkeuh ieu aing uyah kidul,  
tapi tetep kalawan handap asor nepi ka anu dibere pituah teh teu ngarasa  
kaisinan.  


Urang Sunda enya resep heureuy resep guyon (humor), tapi heureuyna tara  
nganyerikeun batur komo bari ngekeak kekurangan batur mah, humorna leuwih  
nyoko kana “otokritik”, kana kalaipan diri, lamun tea mah aya nu dijadikeun  
obyek dina humorna malah sok dipikanyaah lain dipikaijid.  


Ceuk sakaol ieu teh teu leupas tina kaayaan alam Tatar Sunda nu pinuh ku  
parentul gunung, alam tropis nu kalan-kalan loba musibah alam, gunung bitu,  
banjir, longsor jste, sakabeh kajadian alam siga kitu teh teu bisa dilawan  
ku tanaga manusa, manusa kacida hengkerna dibandingkeun alam anu sakitu  
rongkahna, tina eta kaayaan manusa Sunda dina nyicinganana kudu harmonis  
jeung alamna, nya tina ieu kasadaran sakapeung manusa Sunda siga nu ngelehan  
bae.  
Carita tokoh Si Kabayan aya di rahayat Sunda, aya dina folklore masyarakat  
Sunda, inyana “dipikanyaah” ku masyarakat Sunda sok digambarkeun bodo tapi  
sakapeung sok digambarkeun pinter, jadi aya sifat paradok dina diri Si  
Kabayan, atawa bisa jadi aya sifat dualisme primordial.  


Lamun bodo sok siga anu bodo katotoloyoh (dina carita Si Kabayan ngala  
tutut), lamun pinter sok bisa ngalingsemkeun batur (dina carita Si Kabayan  
ngadeupaan lincar), hal ieu bisa dijadikeun pieunteungeun boh keur rahayat  
boh keur pamingpin, sedengkeun kategori pamingpin kuduna leuwih pinter batan  
anu dipingpina, harti pinter didieu dina harti kualitas dirina.  


Dina campur gaul sapopoe dina mangsa kiwari anu geus campur aduk jeung seler  
sejen, posisi heureuyna urang Sunda anu tadi geus disebutkeun nyoko kana  
otokritik can tangtu dipikaharti ku seler sejen, palebah dieu urang Sunda  
kudu ngaluarkeun jurus kapinteran si Kabayan nyaeta surti kana posisi diri  
(kualitas), siga heureuy Ungkal bakal kahartieun ku urang Ungkal deui, ku  
anu ti luar mah can tangtu kahartieun jeung urang Ungkal-na oge dina  
ngaluarkeun heureuyna teh tara sagawayah (hanjakal tulisan heureuy Ungkal  
bukuna can kapanggih asa dina majalah, koran..enyaan poho deui.abong kena  
geus kolot susah inget gampang poho teh enyaan, asana daerah Ungkal teh  
ayana di Sumedang ngan kuring teu apal dimana lebah-lebahna.).  


Heup ah..sakieu we heula.  
Hatur nuhun, mun ieu tulisan dianggap bener nya nuhun we, mun dianggap salah  
prak we dibenerkeun.  

Tina catetan M. Sasmita.  

kumpulan rumpaka Pop Sunda

kumpulan rumpaka Pop Sunda

Aduh Manis
Madenda


Duh duh aduh manis
Lumanjang imut nu gandang
Deudeuh karaosna
Asih sumanding miheman

Geuning pameratna
Rasa cinta deukeut pageuh
hamo bisa pisah
Cinta urang ditutugan

Malah tambah kapicangcam
Mun paamprok silih pencrong
Duh duh aduh manis
Pageuhkeun cinta duaan

Waktos sareng ditutugan
Nu manis imut kareueut
Soca deudeuh neuteup seukeut
Pameunteu anu marahmay
Dua ati pada surti
Mageuhkeun deudeuh kameumeut
Babarengan ngumbar tineung sauyunan







Anjeun
“Pelog”
Awewe
Teu aya deui nu mikacinta iwal anjeun
Teu aya deui nu mikamelang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya
Pangbageurna sadunya iwal anjeun
Anu heman tur daria
Anu janji satia ngan ukur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun
Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepung osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan
Lalaki
Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur iwal anjeun
Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan
Husus keur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Kurang sare kurang dahar mikir anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut hayang geugeut ngan jeung anjeun
Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus kaditu kadieu
Bajing Luncat
Madenda

Bajing luncat bajing luncat ka astana ieung…
Abdi lepat narosan teu ti anggalna
Bajing luncat bajing luncat ka astana ieung…
Abdi lepat narosan teu ti anggalna

Ku teu sangka salira bet luas pisan
Teu hawatis kanu kersa ngantos ngantos
Api-api teu emut kana pasisni
Pasini pakaet ati duh pakaeut ati

Bajing luncat bajing luncat ka asatana aduh…
Abdi lepat narosan teu ti anggalna
Bajing luncat bajing luncat ka astana aduh..
Abdi lepat narosan teu ti anggalna
Bajing luncat…
Bajing luncat…

Bubuy Bulan
Madenda
Bubuy bulan...
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe panon poe disasate
Unggal bulan ynggal ulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade
Situ ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
Balik deui
Bubuy bulan…bubuy bulan...
Bangbung Ranggaek
Pajar maneh deuh…
Naek kareta cikajang
Dimuatan mah disisi jambatan
Pajar maneh deuh…
Teu ngewa-ngewa acan
Tos narosna mah
Geuning hate seseblakan
Bangbung ranggaek…
Tadi embung ayeuna daek
Bangbung ranggaek…
Tadi embung ayeuna daek
Pajar maneh deuh…
Teu ngewa-ngewa acan
Diimutan mah
Geuning hate seseblakan
Cau kepok deuh…
Kintunan ti baros
Ti barosna mah
Tos dikaranjangan
Paamprok mah deuh..
Teu hawatos teu naros
Tos narosna mah
Geuning sering dianjangan
Bangbung ranggaek…
Tadi embung ayeuna daek
Bangbung ranggaek…
Tadi embung ayeuna daeuk
Pajar maneh deuh..
Henteu alim patepang
Nu kasepna mah
Gening sering ngalanglangan
Cape

Saha atuh pijalmaeunana
Nu teu rek subaha…
Mun kitu peta ti anjeun
Rarasaan na kurang kumaha
Kuring kumawula…
Dumeh lantaran ka anjeun
Paribasa ti isuk jedur
Digawe nepi surut panon poe
Tapi anjeun alesan indit kasaha
Padahal neang nu ngora
Lain dumeh anjeun kaya
Pangna baheula misuka
Lain lain pedah dunya kuring mikacinta
Cape……
Boro-boro hayang mere
Cape cape cape…
Kuring mah cape…

Balik deui ka mimiti***

Lain dumeh anjeun kaya
Pangna baheula misuk
Lain lain pedah adunya kuring mikacinta
Cape…cape…cape…
Kuring mah cape…







Cau Ambon

Itu geura aya jajaka
Kulat kelet ku ngrarewa
Marukan abdi teh suka
Sakitu aya nu boga
Euleuh-euleuh geuning ngiceupan
Gugupay ku saputangan
Jajaka loba lelewa
Sakitu abdi teu suka

Reff:
Cau ambon dikorangan
Malati kapipir-pipir
Teu teurang ambon sorangan
Da abdi mah teu mikir-mikir
Teu teurang ambon sorangan
Da abdi mah teu mikir-mikir













Cing Tulungan

Cing tulungan
Wartoskeun enggal mulang
Cing tulungan
Abdi keueung soragan
Harianeun
Ngantunkeun ku lami
Piraku lali ka abdi

Cing tulungan
Kamana abdi neang
Cing tulungan
Kasaha abdi muntang
Harianeun
Taya wartos pisan
Piraku lali ka abdi

Reff:
Saurna bade sakedap
Sadinten kadua dongkap
Saurna teu kedah ringrang
Wayahna urang paanggang









Cinta Ketok Magic

Ari cinta Kang
Sanes ketok magic
Ditutup-tutup teu kenging sidik
Cinta kedah pelik
Rintih taliti nepi ka tepi

Ari cinta Kang
Sanes supermarket
Di aya-aya ngarah ka pelet
Cinta aya duriat kanyaah manteng
Beurang jeung peuting

Reff:
Ari cinta-ari cinta
Endah rasana suka jeung duka
Ari cinta-ari cinta
Lamun kapaksa sok luluasan
Pinuh kasabaran
Pinuh kasadaran
Pinuh kaimanan










CINTA
Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa diatur ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Ujug-ujug ahirna dating sorangan

Aduh aduh cinta 2x
Cinta manjangkeun carita
Aduh aduh cinta 2x
Cinta panjang lalakonna

Cinta lir ibarat nu geulis
Gerak endah diwuwuh sewu mamanis
Cinta perlu jalan anu luwes
Sologoto kapakan diancam putus

Aduh aduh cinta 2x
Cinta pinuh pangorbanan
Aduh aduh cinta 2x
Cinta pinuh kasabaran

Intro

Cinta datangna teu kaharti
Gandrung Liwung miharep nu kapiati
Cinta matak anteng beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan

Aduh aduh cinta 2x
Cinta mangkak ligar endah
Aduh aduh cinta 2x
Cinta kembangna kanyaah

DUKA KUMAHA

Duka ah duka kumaha
Teu apal ngawitanana
Duka ah duka 2x
Duka ah duka
Duka kumaha

Pedah lucuna
Pedah imutna
Pedah belana
Pedah nyaahna
Aah…sigana mah kitu
Pedah deudeuhna
Pedah geugeutna
Pedah deukeutna
Pedah layeutna
Aah…sigana mah kitu

Saksina tangkal katapang
Nu linduh ngiuhan
Ngentep poe mapay bula
Langkung sataun miheman
Saksina tangkal katapang
Ngaluwesan hate urang
Senang reujeung suka seuri
Sakapeung teu silih tanya
Duka kumaha…

Duka ah duka kumaha
Teu appal ngawitanana
Duka ah duka Duka ah duka
Duka kumaha….
EMBUNG

Sanajan bru dijuru
Sanajan bro dipanto
Sanajan ngalayah ditengah imah
Naon atuh nikmatna
Lebah mana bagjana
Lamun Akang geus wani ngabagi-bagi cinta
Satengah keur nu kolot
Satengah keur nu ngora
Hirup loba bohong
Salingkuh jeung ucing sumput
Bubar ti kantor beurang
Datang ka imah peuting
Abong kena jaluna
Kabina-bina teuing

Reff:
Hirup sagala boga
Loba dunya barana
Tapi dipangnyandungkeun kuring teu suka
Mending hirup saayana
Tibatan kuring di dua
Ti ayeuna ka Akang kuring balaka

Embung…
Sanajan bru di juru
Embung…
Sanajan bro di panto
Embung….
Mun akang rek midua


EMUT BAE


Lain ti baheula atuh Kang…
Urang teh patepang
Ieu hate abdi atuh Kang… 2x
Emut bae ka Engkang
Teu beunang dipapalerkeun
Teu beunang dibebenjokeun

Dipaparah sugan jaga
Endah mun laksana
Wengi asih nu duaan 2x
Emut bagja tinekanan

Aduh Engkang…
Emut bae ka Engkang
Aduh Engkang…
Abdi kabiluyungan











EUIS

Euis ieu dangukeun heula (lalaki)
Pihatur naon anu diseja (awewe)
Hayu urang kakawihan (lalaki)
Kawih pangdugining ati (awewe)

Euis ke antosan heula (lalaki)
Aeh aeh saha eta (awewe)
Abdi sobat nu baheula (lalaki
Euleuh eulueh saur saur saha (awewe)
Euis teuing ku lucuna (lalaki)
Idih idih pariparibasa (awewe)
Estu ku matak kayungyun (lalaki)
Ah pameget eta mah biasa (awewe)


Ibu Bapa ieu geura
Euis… (lalaki)
Sok aya jajaka
Nu ngangken tresna
Ku ngararewa

Aduh Euis aduh aduh
Estu ku seueur gogoda
Euis…
Nu jangkung jalmina
Kandel kumisna
Sesah hilapna
Sesah hilapna…



SOLAT BERJAMAAH


Hayu batur berjamaah
Ulah sok solat di imah
Laun-laun jadi neumah
Tungtungna mah jadi genah

Ari enggeus manjing lohor
Awak urang bisi kotor
Buru-buru mandi lohor
Bisi tinggaleun solat lohor

Ari enggeus manjing asar
Najan urang banget lapar
Tunda bae eukeur dahar
Bisi tinggaleun solat asar

Ari enggeus manjing magrib
Ulah osok gadag-gidig
Hayu urang ka masigit
Bisi tinggaleun solat magrib

Ari enggeus manjing isa
Ulah osok asa-asa
Najan urang ngararaksa
Bisi tinggaleun solat isa

Ari eunggeus manjing subuh
Najan urang banget tunduh
Buru-buru hudang subuh
Bisi tinggaleun solat subuh
Tibelat
Ukur sareret teuteup saliwat
Tapi duriat tumapel masket
Na pikir peurah diri sumeurah
Kumambang asih neang pangeunteupan deudeuh
Diri ngambang kabandang kajamparing ku manehna
Diri muyung kabentar kalanglayung ku manehna
Kamana atuh kamana
Neang manehna metik atina
Sareret jeung saliwat
Mawa tibelat sesah hilapna
Reret manehna Teuteup manehna
Seukeut pamorna Ngahudang cinta

Intro
Gandrung tibelat
Liwung kabandang
Hate micangcam
Beurang jeung peuting
Raray kagambar
Hate gumeter
Hayang patepung
Sugan asih bisa nyanding
Diri ngambang kabandang kajamparing ku manehna
Diri muyung kabentar kalanglayung ku manehna
Kamana atuh kamana
Neang manehna metik atina
Sareret jeung saliwat
Mawa tibelat sesah hilapna
Jamparing asih Tembus kadeudeuh
Daya asmara kembangna cinta

Hanjakal

Kapungkur urang kapungkur
Waktos urang duaan tacan paanggang
Kamana-mana sok sasarengan
Raraosan dunya asa nu duaan

Hanjakal nanging hanjakal
Di tengah jalan urang kedah paturay
Kadeudeuh nu lami ngancik dina ati
Teu weleh jumeneng dugi ka kiwari

Ayeuna urang pada tos rimbitan
Nu biasa pateupung dina impenan
Sanaos urang kantos nganyenyeri
Nanging kasono ati ngageuri diri

Kumaha atuh dalah dikumaha
Pan ayeua urang pada tos kagungan
Angguran mah urang silih du’akeun
Salawasna pinareng jeung kabagjaan











Salira


Na ciptaan lalakon
Waktos urang tepang
Nyimpay dua rasa
Mapaes taman hate
Salira…
Kembang impian

Na ciptaan lamunan
Waktos urang jangji
Ngait dua ati
Pasini matri asih
Salira…
Kembang kamelang

Ku teuteupna
Ku imutna
Matak tibelat
Kadeudeuhna kaasihna
Taya duana

Ku teuteupna
Ku imutna
Matak tibelat
Kadeudeuhna kaasihna
Duuuuh.….
Kanggo salira





Sajuta Rasa


Sajuta rasa bagjana
Sajuta rasa endahna
Panganten suka gumbira
Bulan mekar dina dada

Angin jeung hiliwirna
Laut jeung galurana
Ngagalindeng dina rasa
Ngahariring lagu cinta

Sajuta rasa bagjana
Sajuta rasa endahna
Panganten suka gumbira
Bulan mekar dina dada

Langit jeung mega-mega
Bentang reujeung kiceupna
Peuting jeung mamanisna
Tamplok asih dina rasa












Mangle

Ampuh lungguh someah
Tara runcah awuntah
Resep cicing di imah
Babalik pikir

Ka bioskop bet ngampleng
Ka jerenten ge suwung
Ka pagaden ge lebeng
Babalik pikir

Diteras teu tembong
Bumi jiga kosong
Horeng susulumputan
Leuh sieun rek geuning

Ngadadk bet lungguh
Siga ampuh timpuh
Pajar babalik pikir
Horeng kantongna kosong

Kurang kerung ngadilek
Gawe resep ngawawak
Ka pagawe sesentak
Bapa kepala

Agar kerja dinamis
Inspirasi yang praktis
Kudu nyanding nu geulis
Keur maen mata

Jajan keur nu geulis
Uang lembur habis
Keu nombokan ka imah
Leuh ngajual dasi

Asup ka restoran
Istri saabrulan
Gupuy gapay ngabulan
Duit ngan tilu talen


Talaga remis
Talaga remis talaga nu jadi saksi
Waktos urang paheut jangji pasini paket ati
Pasimpay rasa satia
Duuh bagja saksina talaga remis
Talaga remis talaga endah romantis
Tempat urang ngumbar asih
Namplokkeun rasa kasono
Nyacapkeun rasa katresna
Duuh endah di sisi talaga remis

Di sisi talaga remis cinta mekar karembangan
Di sisi talaga remis carita pinuh mamanis
Di sisi talaga remis asih nyanding kabagjaan
Di sisi talaga remis nyipta rasa nu romantis

Urang anteng paduduaan
Manjing rasa asih kaheman
Useupna useup kageugeut
Eupanna geleng kadeudeuh
Nganggo jeujeur pangharepan
Ngantos geterna kukumbul kalbu
Sur ser rasa kasambut cinta
Pinanggih bagja di talaga

Urang anteng paduduaan
Ngahaleuang tembang kasmaran
Ngahariring lirih kaheman
Ngagalindeng langgam katineung
Diri asih pamatri ati
Ngembang tresna panyimpay rasa
Lagu syahdu mepende kalbu
Ngahudang cinta di talaga
TONG ASA – ASA


Teu kedah dibuni-buni
Teu kedah disumput-sumput
Teu kedah anjeun balaka
Da karaos aya geter asih
Da karaos aya geter cinta

Teu kedah di asa-asa
Teu kedah diisn-isin
Teu kedah anjeun cangcaya
Da karaos aya geter asih
Da karaos aya geter cinta

Cinta urang na kalangkang
Imut nu manis dina impian 2 x
Tepung kadeudeh rangkul kaheman
Keur urang duaan














Ngalamun

Waktu peuting pareng caang bulan
Abdi anteng ngumbarkeun lamunan
Ngantosan nu lawas henteu mulang
Ka panutan nu di medan perang

Duh engkang panutan nu sajati
Naha engknag tos hilap ka abdi
Siang wengi abdi nganti-nganti
Na iraha pasini ngajadi

Teu kendat-kendat abdi mumuntang
Ka Pangeran nu murbeng alam
Supados kenging panangtayungan
Mugi engkang aya kaunggulan

Mun pareng urang patepang deui
Kumpul ngariung sakadang wargi
Kacida bungahna hate abdi
Muji syukur ka illha Robbi











November

Sok sanajan nandangan rintangan
Rasa cinta rasa nyaah ngan keur anjeun
Duh panutan…

Sok sanajan nandangan gogoda
Rasa deudeh rasa geter ngan keur anjeun
Duh panutan…

Duaan urang geus jangji saati
Moal piasah deui
Duaan urang geus jangji ngahiji
Moal pisah deui

November…
Urang ikrarkeun na ati
November…
Urang pastikeun pasini
November…
Urang matri dina ati
November…
Urang duaan ngajadi










Panon Hideung


Panon hideung
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha
Dimana bumina
Abdi resep ka anjeunna


Siang wengi
Kaimpi-impi
Hate abdi
Sararedih
Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut ka nu Geulis
Panon hideung













Rame-rame


Yu batur rame-raame
Hayu urang suka bungah galumbira
Gotong royong sauyunan
Digarawe babarengan
Ulah sok loba catur
Sok komo lamun bari ngomongkeun batur
Hilangkeun pangangguran
Hayu urang ciptakeun pangwangunan

Sistim kaamanan jeung lingkungan
Eta hiji kawajiban
Program kulawarga berencana
Cukup boga anak dua
Dukung kabersihan kasehatan
Jeung pendidikan lingkungan urang

Hey hayu dukung
Hey babarengan…












Peuyeum Bandung
Dimana-mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Ku nikmat rasana
Sampeu asalna
Teu direka-reka
Naon namina
Duuuh matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan

Tisaprak
Tisaprak ngawitan tepang
Hate jadi hariwang
Inggis anjeun teu surti
Da abdi mah nganti-nganti
Harepan tinggal lamunan
Anteb dina impian
Anjeun panutan ati
Apasini mikait asih
Kumaha atuh kumaha
Teu wasa abdi balaka (awewe)
Sok inggis di pulang basa
Tunggara salalawasna
Harepan tinggal lamunan
Anteb dina impian
Anjeun panutan ati
Pasini ikait asih
Potret Manehna
(awewe)
Potret manehna
Nu katampa minggu kamari
Dipiguraan disimpen dihade-hade
lalaki
Anteng diteuteup jadi batur dina simpe
Aduh endahna mapaesan taman hate

(awewe)
Potret manehna potret manehna
Ditilik disidik-sidik
Diteuteup di bulak-balik
Kumanis bae

(lalaki)
Potret manehna potretna manehna
Socana, imutna, teuteupna, sagalana
Ngan keur kuring bae

(awewe)
Potret manehna wawakil jirim jinisna
Tanda satia ngarah kangen salilana

(awewe+lalaki)
Matri hiji dina ati
Gambar diri jadi bukti
Najan anggang langka tepung

(awewe)
Potret anu digugulung
Potret manehna


Cikapundung

Cikapundung Cikapundung Cikapundung
Walungan di kota Bandung
Kota Kembang Kota midang
Kota pangbangbrang kabingung

Aduh Ema aduh Ema aduh Bapa
Abdi mah alim dicandung
Kajeun dahar karo uyah
Abdi mah da moal pundung

Kerak lain japati belang jangjangna
Nolak ge lain lamun weleh dianjangan
Mun bapa atos teu suka
Tong nyiksa anak mitoha
Kajeun abdi ngusap birit
Batan abdi ngudar gelung

Pami bapa aya maksad bade nyandung
Abdi mah kajeun padungdung
Abdi narah abdi narah
Abdi mah nehi dicandung









Mojang Priangan

Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priangan

Umat imutna lucu
Sura seuri nyari
Larak lirik keupat
Mojang priangan

Reff
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana 2x
Dangdosan sederhana
Mojang priangan

Mojang anu donto
Matak sono nu nempo
Mun tepung sok sono
Mojang priangan

Gareulis maranis
Disinjang lalenjang
Estu surup mun leumpang
Mojang priangan






Hariring Kuring

Tengah peuting
Keur jemplang jempling
Kuring nyaring teu genah cicing
Hate melang sumoreang
Buah ati lawas teu patepang

Cuang cieung
Kuring sorangan
Nunggeulis di pangumbaraan
Lieuk deungeun Lieuk lain
Taya pisan gesan pamuntangan

Rek sasambat ka saha nya nyambat
Suwung dulur walurat sobat
Sangsang badan nitipkeun nya diri
Iwal ti ka Gusti yang Widi

Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
Ka jungjunan nu ngantosan
Kawih ati nu keur rungsing pusing









Hamdan

((lalaki)
Hamdan li Robbil alamin
Allohu Rohman wa Rohim
Kodqorruba fathul mubin
Innahu huwa sami’ul alim

(awewe)
Puji kagungan Pangeran
Nu maha welas tur heman
Gusti mangka muka pura bagja
Allohu ya Robbi mantenna maha uninga

(awewe+lalaki)
Solawat solawatan
Barokat barokatan
Ala Muhammad Rosulih
Wa’ala alih wasohbih

Salam sinareng salawat
Muga netes ka Muhammad
Natrat ka para karabat
Para ahli jeung sahabat







Kagembang

Kang deug nyeredet kana hate
Gening sok teu puguh rarasaan
Ah teu beunang dipapalerkeun
Angen ratug tutunggulan
Duuh abdi kagembang

Neng naha enya anjeunna ge
Duuh salempang loba hariwang
Aah sok sieun ambon sorangan
Hanas abdi mikacinta
Duuh rieut jadina

Reff
Lir bentang baranang
Nyaangan pinuh harepan
Sesah nandingkeunana 2x
Kagembang kabandang rasa
Endah taya duana
Hanjakal jarang tepang

Aah naha enya anjeunna ge
Duuh salempang loba hariwang
Aah sok sieun ambon sorangan
Hanas abdi mikacinta
Duuh rieut jadina

Balik deui ka Reff




Kalangkang
(awewe)
Mungguhing dina impenan
Geuning sakitu deudeuhna
Kanyaah nu wening bersih
Satia jadi kakasih

(lalaki)
Mungguhing dina impenan
Geuning sakitu leahna
Pameunteu marahmay manis
Teu isin paambung damis

Reff
Rambut panjang nu ngarumbay
Disangkeh panangan nyampay
Lalaunan raray tanggah
Rangkulan karaos pageuh
Luhur pasir tepung geter
Perlambang asih nu mekar
Kabagjaan nu duaan nu duaan

Hanjakal hanjkal teuing
Endah ngan ukur kalangkang
Harepan harepan diri
Sing nyanding jeung kanyataan







Karembong Kayas
Duh aduh karembong kayas
Disawang matak kagagas
Baheula keur jeung manehna
Karembong teh jadi saksina

Duh aduh karembong kayas
Dianggo ku mojang kota
Loba nu matak kabita
Kunu nganggo karembong kayas

Mojang Bandung loba nu matak kaduyung
Ku wanoja Sumedang matak kaembang
Mojang Garut loba nu matak kairut 2x
Komo lamun nganggo karembong kayas


Kunaon Neuteup ka Abdi
Kunaon neuteup ka abdi
Tara-tara tisasari
Sok teu puguh raraosan
Pupurayeun samarpolah

Kunaon neuteup ka abdi
Matak reuwas sareng isin
Rumaos seueur kakirang
Abdi mah jalmi biasa

Seueur mojang anu lenjang
Lir putri ti kahiyangan
Titisan dewi pohaci
Matak resep nuningali
Pasrah

Teuteupna nyawang ka sumoreang bingbang
Ulengna jero panineungan gandrung
Ditalangke dirina
Batin ceurik balilihan
Naha cenah lampah kudu salah

Seuri mamanis kembang malati
Anu ngalun kapidangdum
Pungkasna cintana harepan
Peurah deudeuh anu saati
Rasa asih pasti ngajadi

Pasrah demi cintana
Pasrah sumerah diri
Hate meulit pajeujeut
Dipepende endah cintana
Pasrah dirina
Pasrah … ka nu Kawasa











Palabuhan Ratu
Basa panon poe ngangkleung
Ngahiliwir angin peuting
Mepende urang duaan
Nu keur anteng sosonoan

Leungit sore datang peuting
Asa endah-endah teuing
Sosonoan beuki anteng
Teu era diintip bulan

Langit Palabuhan Ratu
Saksi jangji nu saestu
Langit Palabuhan Ratu
Jangji satia satuhu

Moal pada ingkar
Moal pada ngejat
Moal rek sulaya kana jangji

Tuh saksina ombakna…
Ombak Palabuhan Ratu
Lautna…
Laut palabuahn Ratu
Anginna…
Ombak Palabuhan Ratu
Langitna…
Langit Palabuhan Ratu

Palabuhan Ratu
Saksi jangji nu saestu
Palabuhan Ratu
Jangji satia satuhu
CIRATA

Intro
Awewe
Antara Saguling jeung Jati luhur
Pangeunteungan Purwakarta jeung Cianjur
Cirata mangadeg nanjeur
Wujud PLTA tempat nu kamashur
Intro
lalaki
Derap pangwangunan keur karaharjan
Lingkung lembur sinangling talaga jaman
Cirata bukti nu nyata
Bakti pangabdian karya nu tohaga
Reff:
Cirata hiji carita
Pikeun ayeuna jaga
Cirata neundeun carita
Sungkem rasa satia

Cirata obyék wisata
Mekar di tatar Sunda
Cirata lambang kahayang
Nanjung tékad tatandang

Intro
Balik deui ka luhur
” BINGBANG ”

Rasa bingbang … rasa melang …
Diangkleung-angkleung honcewang
Nanya diri ngambang ati
Rek nyieun hiji putusan
Pabeurat-beurat timbangan

Naha bingbang naha melang
Kainggis reujeung mamanis
Silih eunteung patembongan

Naha bingbang naha melang
Ditalikung liwung gandrung
Ngalanglayung ngageuri tangtung
Bingbang . . . . . melang
Nineung . . . . . keueung

Nun Gusti Nu Maha Agung
Pasihan pitunjuk jalan
Abdi panceg kayakinan
Titimbang nampi cobaan

Balik deui…*


Maenya

Naha enya mun keuna panyakit cinta
Teu dipria teu wanoja
Cinta teh sok nyaliara

Mimitina pajar teh sok hayang wanoh
Mun geus wanoh ahirna ngajadi bogoh
Sok sanajan jauh mo burung dijugjug
Najan anggang henteu weleh hayang neang

Ngumbar cinta papada jangji satia
Komo mun henteu kaganggu
Matak poho kana waktu

Naha enya pameget mata karanjang
Mun aya nu herang-herang
Babari pisan kabandang

Mun seug pareng ku istri diajak sareng
Leumpeuh yuni babari pisan kataji
Pameget mah sok komo mun dilayanan
Tara bosen matak era nyanghareupan

Tapi lamun ku istri seug disedekkeun
Horeng embung ngaheureyan
Mana horeng geus rimbitan



Lembur Kakasih

Tuh pengkolan anu bras ka jalan gede
Nu mawa gulugah hate
Tuh cirina tangkal anu ngarandakah
Nu linduh tempat bumetah

Tuh lemburna kahalang sawah jeung pasir
Nu mawa seredet geter
Tuh walungan nu bersih herang caina
Sawening rasa cintana

Didinya mekarna cinta munggaran
Didinya harepan mekar kembangan

Endah panineungan
Teu kasilih pedah pisah
Tumamprak teu ilang-ilang
Nembongan satiap waktu

Duriat manjang Kakangen manteng
Lembur teh lemah kakasih
Pangancikan Pangbalikan
Pulas hate wening bersih



Hareupeun Kaca
Hareupeun kaca ngajanteng salila-lia
Roman alum gurat duka
Atra narembongan
Hareupeun kaca sagala nu karandapan
Lalakon katukang-tukang nungtut narembongan

Reueuk rumeuk dina eunteung
Semu keueung semu nineung
Jiga awak nu nyarita jiga nu nganha-naha
Tuh ieung geuning nganaha-naah
Bejakeun deudeh bejakeun
Rumasa geus katalimang

~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~

Anggrek Japati

Anggrek japati
Na cangkring keur karembangan
Sisi wahangan barodas
Kareta api geus datang
Sinyal geus muka
Reup di setopan Cibodas

Gupay-gupay anaking
Gupay-gupay digupaykeun
Ku manehna

Reumbay-reumbay anaking
Reumbayna nginjeum cipanon
Ti manehna
Angin Priangan

Seungit angin priangan
Ngusapan embun-embunan
Duuh embun-embunana
Hawar-hawar reurendahan ngahariring
Ayun ambing-ayun ambing

Seungit angin kahyangan
Sumerep na lelembutan
Duuh na lelembutan
Hawar-hawar reuerendahan ngahariring
Eling-eling mangka eling

Deungkleng dengdek
Deungkleng dengdek sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah wasiat tah duriat
Anu matak tibelat nya rarasaan

Deungkleung dengdek
Deungkleung dengdek sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah katresnan jati sarakan
Anu tetep marengan nya lelembutan





Baju Hejo ???????????

Teu loba paningkah
Teu loba kaseunggah
Leumpang dangah gagah
Kana perang tabah
Eeeh maju bertempur
Cadu rek mundur
Tikasela jadi mangsa
Tuuh Tentara kita

Ngemban tugas Disiplin katentaraan
Teu galideur sanajan loba godaan
Bertempur di gunung
Bertugas di desadi desa
Istirahat plos ka kota
Mamayu kana hiburan

Baju hejo-baju hejo
Operasi ngalaksak di gunung-gunung
Baju hejo-baju hejo
Mun kongang mah tugas teh mending di Bandung
Baju hejo-baju hejo
Pundah-pindah parentah disaluhurkeun
Baju hejo-baju hejo
Kulawarga sakapeung dipopohokeun
Pilihan pangango
Moal kabobodo
Moal tereh bobo
Mending baju hejo
Eeeh tahan ku hujan
Jeung kapanasan
Rada kotor rada logor
Tuuuh pesuruh kantor

Rebun-rebun dikantor ngepel harerang
Tutup kantor geus telat kakara mulang
Kencar-kencir cerdas Ngajalankeun tugas
Mun dunungan boga dosa
Sakapeung sok meungpeun carang

Baju hejo-baju hejo
Narik asih pengamat
Tanggung di girang
Baju hejo-baju hejo

……….aya keneh da, ngan kapotong ti dituna……….















Bulan Langlayangan Peuting
Bulan teh langlayangan peuting Enung…
Nu ditatar dipulut ku tali gaib
Entong salempang mun kuring miang 2 x
Di taatar-ditatar Sunda
Di pulut nya balik deui kadieu
Yeuh …masing percaya

Bedil geus dipeloran
Granat geus disorendang
Ieu kuring arek miang 2 x
Jeung Pasukan Siliwangi
Ka Jogja hijrah taat parentah


Purnama nu Kungsi Nyanding

Awewe
Purnama nu kungsi leungit
Ayeuna nganjang kaburuan deui
Anu kungsi kapiati
Kiwari uarang ditepangkeui deui
Lalaki
Hariring nu kungsi nyanding
Ayeuna datang ngahaleuang deui
Hayu patarema tineung
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Reff:
Ayeuna mangsa nu endah
Hayu urang suka bungah
Caang bulan opat belas
Narawangan hate bangblas

CINTA NUSA

Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam endah hejo lembok sugih mukti
Subur tutuwuhan beunghar pepelakan
Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai

Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung
Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung
Piraku rek rela Piraku rek tega
Alam nu ngemploh hejo
Pinarengan ngarangrangan teu kariksa

Tutuwuhan nutup alas bandawasa
Tatangkalan nutup gunung nambah reuma
Peryoga dijaga diraksa diriksa
Kakayon mangpaat sumber kahirupan bangsa

Mamala tanah ngeblok nungtung gimir ketir
Bahaya gunung urug padataran banjir
Rempak pada dokoh Samakata sosoroh
Ngagarap tanah ngeblak
Dipelakan tatangkalan hejo ngemploh

Sawajarna putra bangsa nu merdeka
Di padesan pasilingan jeung di kota
Andon gotong royong
Lakon silih rojong
Rampak ngahejokaeun tanah ngeblak dimamana

Saihwan rame gawe pada moho dolog
Pelakan tong kalarung unggal tanah ngoblog
Singkil babarengan Ramapk sauyunan
Kakayon hejo ngemploh
Karya ragam gotong royong rereongan


Di Langit Bandung Bulan keur Mayung

Awewe
Jangjang peuting geus ngalingkup
Ngarungkupan dayeuh Bandung
Anu hibar sinar lampu

lalaki
Panto ati geus narutup
Ditindihan kawit asih
Anu halon tur halimpu

awewe
Geus paanggang geuning urang pajauh
Rek kasaha diri nyungkem nyalindung

lalaki
Nu disungsi geuning nu diteangan
Duuh ieung teu tembong-tembong
Geuning taya ngiberan


Reff:
Dilalangit langit Bandung
Ngempur hurung bulan keur mayung 2x
Di lelemah lemah Bandung
Kapindangdum-kapidangdum diri ditundung





Dina Jandela

Dina jandela urang silih gupayan
Nemu paneuteup
Deudeh jeung geugeut teup eunteup

Taya nu nyora simpe henteu nyarita
Ngukir ciptaan
Tresna jeung asih marengan

Lir nu keur ngimpi - lir nu keur ngimpi
Gambar lamunan naon geuning nu teu katepi
Lir nu desirep-lir nu disirep
Geter katineung reureuh geuning reup rerep

Dina jandela urang silih kiceupan
Imut kareueut raga katresnan padeukeut
Langit keur lenglang
Jauh tina kamelang
Urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun












Imut malati

Imut malati …
Wengi tadi geuningan patepang deui
Nu kapiati …
Tikapungkur jungjunan dianti-anti

Ti Gunung Putri …
Sareng saha salira lungsur ka landeuh
Lagu kamari …
Ngagalindeng lalakon gending kadeudeuh

Najan sakedap jorelat kunjung balebat
Estu mo hilap karaos matak tibelat
Ku henteu teurang mulihna
Ku henteu terang mulihna
Eeh naha iraha

Najan mun imut saulas
Sakilat-kilat tansah ngagirut
Hanjakal teu sering tepang
Ku henteu terang leosna
Eeeh geuning kamana









Invalid

Duuuh deudeuh teh teuing
Keur sumeudeung buta tulang buta daging
Leungeun potong ngagilincing
Suku buntung kari pingping

Duuh nyaah ku tagog
Ngan hadena kana gawe henteu pogog
Najan anggaota jadi ngurangan
Teu matak ngagokkeun kana garapan

Duuh nu tanpa daksa
Hiji tanda pahlawan nu geus berjasa
Geus sosoroh bela Bangsa
Nyata bukti yen satia

Duuh para pahlawan
Anu enggeus ngarasa jaradi korban
Tetep tigin ngabela lemah cai
Teu mamrih pangala reujeung pamuji











Kembang Balebat
Bagea kembang balebat
Di taman mandala purwa
Naon bacaeun ayeuna
Maca beurang ku beurangna
Ngaji peuting ku peutingna
Deureuseun na papantunan
Da hirup ngan sakolepat
Diudag-udag balebat
Ditutur-tutur ku layung
Ngalungsar di perjalanan
Engke atawa isukan
Saha nu terang

~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~

Hanjuang Siang

Pelakeun hanjuang siang
Tanceubkeun handeuleum sieum
Dina jajantung urang duaan
Teundeun sampeureun mangsa rek datang

Pasangkeun subaya cinta
Kaitkeun pasini batin
Geura pek simpay rasa duaan
Cangreud sing pageuh pamageuh deudeuh

Tepungkeun deudeuh kameumeut
Tembongkeun tresna kanyaah
Sinar gumulung ngajadi hiji
Hayu sing tuhu sing hasil maksud

Kembang Impian

Antara lolongkrang kiceup
Urang padeukeut
Bulan pias eunteup na lalangse kayas
Kaca jandela nu muka
Kaca katresna nu muka
Peuting teh teuing ku jempling
Asih teh teuing ku wening

Pangharepan lir laut nu jero
Teu katepi ku sora panggero
Urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
Urang tataran ku karep jeung pangharepan

Tong teuing ngedalkeun lisan Urang duaan
Na ciptaan bagja nu keur patembongan
Geter ti ati ka ati
Hiber jadina pasini
Saranggeuy kembang impian
Sungkemeun kana lamunan











Kembang tanjung
Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
Di pakarangan nu remis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep
Geus opat taun ka tukang
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran

Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun
Bet henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
Nu opat poe teu mulang
Ngepung gunung pageur bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layonna keur kadieukeun dipulangkeun

Harita waktu layonna geus datang
Ema ceurik ieung balilihan
Ras ka hidep ieung…na kandungan
Utun inji budak yatim deudeuh teuing
Harita waktu layon geus digotong
Ema inget ieung…kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieung…ti duaan

Anaking jimat awaking
Lamun ema mulung tanjung reujeung hideup
Kasuat-suat nya pipikiran
Tapina kedalna teh ku hariring
Hariring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung
Eeeh…..
Kembang tanjung nu nyengitan pakarangan
Nu nyeungitan hate urang panineungan
Malati di Gunung Guntur

Malati di gunung Guntur
Seungitna sungkeman ati
Bodas sesa mirasa
Jadina dina mumunggang
Leuweung larangan

Malati di gunung Guntur
Hanjakal henteu dipetik
Beja geus aya nu boga
Ngahaja melak didinya
Para guriang

Ayeuna kuring geus jauh
Malati sosot ka gunung
Boa geus aya nu metik
Duka ku saha

Kamari jol aya beja
Malati ratna mumunggang
Majar can aya nu metik
Duka kunaon

Malati di gunung Guntur
Ligar dina panineungan
Na panineungan

Na saha nu baris metik
Kuring mah da puguh jauh
Biheung kajongkang


Reumis Beureum
Bray…balebat pangharepan
Hayam raong patembalan
Ngagidig nyungsi raratan
Neangan sugan jeung sugan
Kamana atuh panutan
Basa lembur kahuruan Duh Kahuruan

Jol…ka lamping suku gunung
Di tempo sugan digerung
Didongdon sugan ka lisung
Ka sawah sugan ka saung
Panutan geuning bet suwung
Piraku rek niat pundung
Rek niat pundung

Harita teh geus bray-brayan
Basa datang ka sempalan ieung…
Kembang eurih na reuma
Barodas baseuh cimata

Harita teh geus nyay-nyayan
Aya pirasat nu datang
Reumis beureum dina eurih
Bareureum baseuh ku getih

Prok amprok reujeung manehna
Keur sare bangun nu tibra
Imut mapay langit ???…….
Kembang eurih sangsaratna
Aduh geuning bareureum rupana
Aduuuuuuuuuuuuuuuh...duuuh…
Nu sering dewang dadana
Sagagang Kembang Ros


Sagagang kembang ros
Tawis pangbakti ka diri
Sulur weleh ti jungjunana
Ieung…
Asih nu wening

Runtuyan harewos
Jangji pasini katampi
Moal weleh mikaheman
Ieung…
Asih nu wening

Sarining kembang
Jatining asih
Jadi angkeuhan
Duuh… urang duaan
Ngaca pangharepan
Panteng kayakina
Na dasaring ati
Ieung…
Urang duaan


Balik deui ka mimiti…






Salempay Sutra
Salempay sutra
Disulap jeung dikarangan
Tawis soca ti jungjunan
Duuuh…Ti jungjunan

Salempay sutra
Di sulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih
Duuuh…Ti kakasih

Ngaraketkeun hubungan batin duaan
Mupus ras-ras jeung cangcaya
Dijerona disulam ngaran singgetan
Ngaran kuring jeung manehna

Salempay sutra
Disulam jeung dikarangan
Tawis soca ti jungjunan
Duuuh…Ti jungjunan

Hiji tawis soca
Deueuh…salempay sutra
Jadi jimat pangreugreug ati
Disulam karawang
Deueuh…salempay sutra
Geuning ngidem harepan

Salempay sutra
Disulam mangrupa kembang
Tawis asih ti kakasih
Duuuuh….Ti kakasih
Sariak LayunG

Sariak layung di gunung
Iber pasini patepung lawung
Teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
Eeeeh…
Ngawangwang nu dipigandrum
Aduuh…

Harendong meupeuy harideung
Jalan satapak ngarambu leuweung
Kumalangkang rongheap nu kapitineung
Eeeeh…
Rongheap nu kapitineung
duuh..

Surya surup layung hibas
Ka tanjakan sawangan di umbar
Geus ngolebat
Ieueung… samar-samar
Hariring asihna
Kapireng ngelat

Angin tiis ti mumunggang
Katitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh
Ieuh….nu maranti
Sungkeman kaheman
Ieuh…saranggeuy malati



Wengi Enjing Tepang Deui

Disimbutan ku halimun
Diaping ku indung peuting
Lalaunan ngalayangna
Sukmaning janten jasmani
Eeeh…aduuh…
Sukmaning janten jasmani
Ngalayang ka awan-awan

Da bongan ka urang gunung
Geuning..
Malati di pinggir pasir
Kakara pisan ligarna
Kapendakna teu can lami
Katuruban …….
………………….ni…?????

Kembang diburu dirungrum
Sawengi henteu kawangi
Patapaan henteu kalanglang
Raraosan mah sawarsih
Emhhh…raraosan mah sawarsih

Hawar-hawar sora hayam
Ciri parantos janari
Nunumput teh humarurung
Teungteuingeun milik diri
Harianeun teuing kadar


………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………………


Patepang Anu Munggaran

Patepang anu munggaran
Imut ukur saliwatan
Hanjakal ukur ngalieus
Ku lelewa anu manis

Patepang anu kadua
Imut ukur gileuk soca
Nimbus jantung bati asih
Nu ngirut nyanding birahi

Tepang deui…imut deui…
Katresna ngageuri ati
Bongan unggal tepang imut ngajalanan
Rasa jadi katempuhan
Liwung gandrung















Tepang Munggaran

Duuh…
Tepang munggaran
Samar rasa geuningan bet seseblakan
Hate masket lir kapelet
Sumeblak pating nyeredet

Duuh…
Atuh kumaha
Ieu hate geuningan bet rada era
Jauh sok hayang patepang
Paanggang hayang neangan

Poporose hayang paamprok
Ngamprokkeun sono pajonghok
Tepang nu munggaran
Bareng jeung hate degdegan

Duuh…
Atuh kumaha
Ieu hate geuningan bet rada era
Asup kana paribasa
Aya hayang tapi era









Nyawang Bulan

Bulan nganteng na kaca jandela
Ngawaskeun nu ngumbar cimata
Bulan nganteng na kaca tunggara
Anjeun jonghok jeung keclak cimata

Duuh….Bulan ku teungteuingeun
Hate the teu daek ludeung geuning…
Bongan jangji nu kamari
Pasini…henteu ngajadi

Bulan masih ngangkleung
Dina kamalirna peuting 2 x
Bulan masih ngangkleung
Marengan palidna tineung

Bulan anteng hanteu mirosea
Kanu keur katunggaraan
Bulan anteng ngebrakeun cahyana
Galindeng hate nalangsa

Duuh…bula kuharianeun
Tega temen kaniaya aduuuh….
Lalakon anu kamari
Pasini henteu ngajadi

Bulan harianeun
Mawa carita baheula 2 x
Bulan teungteuingeun
Nambahan raheutna hate

Asa Tos Tepang


Asa asa asaaa….
Asa tos tepang
Asa tos kenal
Duka dimana
Dimana


Asa tos tepang
Asa tos kenal
Duka iraha
Iraha


Eeeh...leres
Eeeh…muhun
Eeeh…leres
Diditu di Cipayung
Waktos manggung



Sasarengan duh padungdengan
Icikibung muncak Cipayung
Mayung-mayung anteng kagnadrung
Duuuh…bingung





Bulan Sapasi


Bulan sapasi
Jiga nyaksi diri abdi
Pias-pias sagala katingal
Katambias ge panginten

Angin asih nu bihari
Teu daek malikan deui
Digentos ku angin bagja
Matak waas katingalna

Harepan nu aya ukur harepan
Da bentang di langit masih baranang
Harepan nu aya kantun harepan
Da Engkang masih osok neang dataang

Aduh…aduh…matak bingung
Sieun diri katalanjung
Sanajan diri tinggal sapasi
Alim jadi laip diri











Elekesekeng

Diantosan di pengkolan
Kunaon teu tembong sumping
Kapan jangji paheut pisan
Piraku kapopohokeun

Lengo deui lengo deui
Ditempoan
Lain deui lain deui
panasaran
Elekesekeng…elekesekeng
Keuheul aya kangen aya
Teu bisa kumaha

Diantosan di setopan
Ngalentuk hamper dua jam
Keuheul aya ka sorangan
Paingan teu datang-datang
Jangjina kapan isukan

Diantosan di terminal
Geus paheut deuk pukul tujuh
Salse hudang subuh-subuh
Maksakeun sanajan tunduh

Geusut dangdan
Make baju anu weuteuh
Disapatu meunang nyemir tembong bersih






Indit ti imah satengah tujuh
Ngahariring lagu disko
Hate mah teu puguh

Geus jam tujuh tacan dataang
Mimiti rada hareudang
Jam salapan masih suwung
Jangjina jam tujuh peuting

Diantosan di bioskop
Jam opat kahade hilap
Urang tepung caket lawang
Didinya urang tepang

Balik ngantor rurusuhan
Boga jangji
Dasar sial jalan macet
Hese tepi

Deuk leumpang jauh
Deuk nunggu kesel
Teu ku hanteu mobil mogok
Teu bisa kumaha

Pangkeselna mun ngantosan
Mun telat sok seseblakan
Lain deui lain deui
Tungtungna elekesekeng
Deuk ambek ambek ka saha…







Dikantun Tugas

Calik dina bangbarung
Bari ngahurung balung
Ningal anu ngalangkung
Hate ngan bati bingung

Emut ka sang panutan
Anu di medan perang
Lami henteu nyeratan
Ngantos di medan perang

Naming nu geulis sadar
Sarta manahna sabar
Iklas rido tur rela
Jujur sarta satia

Nyanggem dina manahna
Aduh Engkang iraha
Kempel sakulawarga
Mulih ti medan laga

Abdi nu ngantos-ngantos
Mugi masihan wartos
Naming abdi tos yakin
Engkang lanang sajati

Najan urang patebih
Langgeng tetep miasih




Sapu Nyere Pegat Simpay


Ririungan…
Urang karumpul
Meungpeung deukeut
Hayu urang sosonoan
Macang krama
Urang ngawadul
Urang silih tempas
Silih eledan
Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu Geus ditangtukeun
Bakal pisah Bakal pajauh
Bakal mopohokeun
Katineung urang
Reff
Sapu nyere pegat simpay
Bakal kasorang
Takdir ti Gusti yang Widi
Bakal kalakon

Urang rek papisah
Urang rek pajauh
Meungpeung deukeut
Hayu urang sosonoan

Timpah nuhun
Samemeh ngantun
Kana jasa ibu miwah pa guru
Nu parantos ngadidik abdi
Teu sakedik abdi harutang budi

Balik deui ka Reff…
***…Paturay…***


Paturay pileuleuyan-pileuleuyan
Ti ayeuna urang teh bakal paanggang
Anggang soteh ukur dina titingalan
Teubih soteh mung dina reretan


Dina manah urang tetep sasarengan
Dina kalbu teu paanggang
Na emutan urang tetep sasarengan
Pileuleuyan-pileuleuyan
Duuh…bakal paanggang


Tanjakan…
Tanjakan mah panjang mayat
Simpay kangen pagaliwota jeung panteng
Cimata tandana manjang kaheman
Dareuda mah duuh…
Tilam katresnan



Dina manah urang tetep sasarengan
Dina kalbu teu paanggang
Na emutan urang tetep sasarengan
Pileuleuyan-pileuleuyan
Duuh…bakal paanggang



Pileuleuyan
Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula
Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui
Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Kuring teh arek ngumbara
Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileueluyan
Paturay patepang deui
Teungteuingeun
Teungteuingeun kunaon ngantunkeun abdi
Teungteuingeun naon kalepatan diri
Unggal dinten henteu weleh ngantosan
Mugi sing enggal mulih deui

Siang wengi hate abdi teh bingbang
Emut ka panutan anu ilang
Abdi sono tos lami teu patepang
Mugi sing enggal mulih deui

Emut keur urang kapungkur
Keur sareng sahuap lingkung
Sakitu geuning layeutna
Nyaah teu aya papadana
HARIRING BANDUNG
Hariring – hariring Bandung
Haleuang – haleuang Bandung
Ngagalindeng sora degung
Milih lagu degung nanjung

Duuh…Bandung
Puseurna Parahiangan
Aduuh…Bandung
Bandung tempat Kabudayaan

Kota kawenting Pinuh wawani
Bangsa lian pada mandang
Bandung nelah kota kembang

Nu kiwari…
Bandung nu ngandung sajarah
Dayeuh Bandung nu katelah

Hariring.. Yu mikaéling
Haleuang.. Yu mikamelang
Ka para nonoman Sunda
Kadé lali budayana

Kakoncara dayeuh Bandung anu urang
Bangsa lian sami ogé pada mandang
Hariring Bandung…
SUNDA JAYA

Bray siang…
Alam padang (narawangan)
Tatapakan pangapungan
Alam dieu ngan nu kula (anu kula)
Mata holang raga sukma

Bray siang…
Alam padang (narawangan)
Tatapakan pangapungan
Alam dieu ngan nu kula (anu kula)
Mata holang raga sukma

Surya medar kula datang
Surya surup kula mulang (kula mulang)
Datang didieu
Mulaang kadieu
Kula Sunda ti Ki Sunda ( da…da…da…da…)
Kula Sunda ti Ki Sunda (da…da…da…da…da…)





Layung Luhur Galunggung
(Rika Rafika)


Layung luhureun Galunggung…
Marengan wanci sareupna
Surya ngampih pabuburit
Pamitan caangna beurang

Duaan waktu harita…
Babarengan nyulam cinta
Bari pinuh pangharepan
Bagja pinuh tinekanan

Layung luhureun Galunggung
Kunaon leungit teu pamit-leungit teu pamit
Boa deui cinta urang
Moal lana papanjangan

Layung luhureun Galunggung
Undurna kawas nu pundung-kawas nu pundung
Boa pasini na jangji
Kapupus moal ngajadi