Senin, 13 Desember 2010

KARUHUN SUNDA



Hayu urang sami-sami milarian karuhun urang nu kapungkur !!, saha saleuresna karuhun urang sunda teh ?
Karuhun teh naon atuh? Duka teuing teu ngarti, ngan cenahmah manusa nu leuwih ti heula kumelendang ka alam dunya, terus maot ti heula , ceuk beja mah, duka beja ti saha eta oge, cobian we bilih panasaran mah dinakamus basa sunda-indonesia atawa indonesia-sunda susuganan aya.
Sok loba diantarana anu muja-muji ka karuhun bari jeung di suguhan kopi pait sagala rupa, padahal manehna geus paeh''''''' sok asa ku heran, komo bari menta karamatna mah, yakin manehna mah teu bisa nanaon.
Anu pasti mah karuhun urang nu kahiji mah nyaeta Adam jeung Hawa, aranjeuna anu mawa ajaran ti langit keur kaurang sarerea, da anjeuna nu mimiti nampa ajaran ti pangeran urang.
Nabi Adam a.s teh nu ngawitan nyandak ajaran ti langit nya disebut ajaran samawi, nu nyandak sababaraha suhup atanapi ajaran, diteraskeun deui ku utusan-utusan Pangeran sanesna tug dugi ka Nabi Ibrahim a.s salaku rajana tauhid anu katelah Milata Ibrahim atanapi ajaran ibrohim, anu ngarangkum suhup-suhup tadi.
Kurun Nabi Musa a.s dirangkum deui ajaranna eta dina kitab Taurat anu ditujukeun kanggo umat nabi Musa. As nyaeta urang Israel.
Kumargi masih keneh seueur nu malengos disampurnakeun deui ku Nabi Isa a.s nyandak Kitab Injil kanggo umat Nasrani, tapi dina kurun ieu seueur ahli kitab anu malsukeun ajaran ti Allah dikurangi atawa di tambahan kumargi kitu teras disampurnakeun ku Nabi akhir zaman nyaeta Nabi Muhammad SAW (Pendekar Akhlak) kanggo sadayana umat manusia nu nyandak kitab nu tos disampurnakeun nyaeta Al Quran nu moal tiasa dipalsukeun sareng eta teh Mukzizat ti Allah nu eusina (30 juz, 114 surat, 6666 ayat) pituduh kanggo umat manusa sadayana nu miharep kasalametan, jeung yakin eta teh kudu di gawean ulah ukur di baraca wae. Dina kurun ieu oge Allah tos ngaridokeun Islam janteun agama urang sarerea. Pami kitu mah karuhun urang teh sanes mbah dugul, mbah gondrong nu kabeukina menyan jeung ci kopi pait ???
Kanteunan wae atuh!!! Nu disebut karuhun urang nu sajati mah nyaeta karuhun nu ngajarkeun kasalametan ka urang bari jeung ngan ukur ngaharep karidoan ALLAH.
Dulur, tangtos urang parantos terang yen karuhun urang ti ngawitan Nabi Adm. As dugi ka Kanjeung Nabi Muhammad SAW teh nyandak ajaran anu intina sami nyaeta kanggo kasalametan urang dunya lan akhirat, inti ajaran nu dimaksad diluhur teh nyaeta ajaran elmu Tauhid nu kinteun-kinteun hartosna nyaeta hiji pamadegan/sikep nu pasti dina kayakinan tekad,ucap sareng lampah kanggo nganyatakeun yen teu aya deui pangeran nu kudu disembah salian ti gusti Allah nu maha tunggal, manunggal sareng makhlukna. Atuh urang salaku nu ngangkeun panganut ajaran Kanjeung Nabi Muhammad Saw diwajibkeun milarian elmu eta, margi Islam Tanpa Tauhid Nilaina Nol Besar.
Awalna Agama teh nyaeta marifat (deukeut, kenal, nyaho, sanisbat) sareng Allah, upami ku elmu Tauhid mah eta teh bakal dibuktikeun margi elmu Tauhid teh elmu karuhun nu pangheulana (cikal-bakal) ayana agama samawi (Islam). "Prak tareangan jalan ka Kami "(Allah)!, dina lereusan ieu Gusti Allah miwarang milarian jalan kanggo nyakeutkeun diri ka Allah, sateuacana cakeut urang kedah kenal heula sareng Allah, Kumaha carana?."Saha nu kenal sareng dirina, bakal kenal sareng gustina." Ari diri urang saha?, tangtosna sanes panangan, dada, mastaka jsb, diri urang nu sajatimah nyaeta "hate leutik" nu teu weleh jujur, lamun di bahsakeun rada gayamah meureun nu disebut "Qolbu". Qolbu ieu nu bakal ngadeteksi ayana Allah, ngan Qolbu nu kumaha? Tangtosna Qolbu nu beresih, "Kumaha cara ngaberesihanna? Cekap ku Akhlaq nu sae, margiKanjeung Nabi Muhammad diutus ka dunya teh samata-mata kanggo nyampurnakeun Akhlak. Upami tos tepang sareng Allah mah yakin Qolbuna oge beresih, akhlakna tos kabina dina iman sareng takwa sareng Allah tos ngajanjikeun Sawarga kanggo aranjeuna, tapi sawaleurna nu malengos Allah tos nyadiakeun Naraka nu pikagilaeun. Kumaha ayeuna urang masih kabita ku sawarga Allah sareng sieun ku naraka Allah? Tah upami masih aya keneh niatan mangga geura pilarian Guru Tuduh nu bakal nuduhkeun ka Guru Matuh (Allah), da pami urang ngelmu tanpa ngaguru kahade bisi setan nipu urang jadi guru, atanapi urang macaan wae buku karangan manusa bisi seueur belok tina kamurnian aqidah sareng pami teu ngartos bade naros ka saha?, Sareng ka Allah mah teu kedah seueur buku cekap ku Al Quran Hadist da nu penting mah praktekna.!!
Pami bade milarian guru nu nuduhkeun jalan ka Allah (Guru Tuduh) aya sababaraha tips/ acuan ti sim kuring diantawisna :
  • Dangukeun heula sing eces naha kaurang miwarang nyandak syarat uang/barang, kaen bodas, hayam hideung, menyan, jampe pamake atanapi rupa-rupa ka Musyrikan, kajeun teuing eta pangkatna Kiayi atawa Ustadz tong diturut jadi guru nu kitumah.
  • Tinggali tekad ucap jeung lampahna tos nuju kana Qur’an sareng Sunnah? ulah dugi ka kaurang ngajarkeun nu sae, sedeungkeun anjeuna midameul nu awon.
  • Intip kulawargana, sok cekcok wae atanapi adem ayem, tentram, kumargi pigurueun urang kedah aya dina katenangan salaku talangna Allah kanggo ngajarkeun tenang ka urang.
  • Tinggali Ekonomi na, tos nyekapan pangabutuhna, Emutkeun!!!, Kafakiran cakeut sareung Kakafiran, sareng Allah langkung reuseupen ka Muslim beunghar nu bersyukur tibatan nu sabar bari sangsara.
  • Ulah milih guru nu ngajarkeun janteun Teroris, nyebarkeun kaawonan kahiji kaum (rasis) atawa nu hayang ngadameul nagara di leubeut nagara.
Upami tos mendak, Allhamdulillah, mangga geura janteunkeun anjeuna guru tuduh nu nuduhkeun ka guru matuh (Allah) nu bakal ngabaturan urang saumur hirup teu kenal waktu sareng tempat, dimana wae, iraha wae Anjeuna aya.
Atuh ceunah seusah milarian guru tuduh atanapi katarik hoyong neuleuman elmu nu ngan hiji-hijina sa-alam dunya warisan karuhun urang Kanjeung Nabi Muhammad SAW ieu mangga ngiring sareung riungan sim kuring dina raraga milarian Gusti Allah ngaleumpangan Perjalanan Tauhid nganggo sebutan Tarekah Al Qur’an Hadist.
Sakeudik disinggung dina Perjalanan Tauhid riungan sim kuring , nampi dulur-dulurna saha wae nu ngangkeun manusa nu wajib ngageum agama tampa ngabeda-bedakeun suku, agama, ras, sareng golongan, teu aya sepuh, murangkalih, istri, pameugeut, beunghar, sangsara, hideung, bodas, mungguhing dipayuneun Allah mah sami. Saha nu leureus-leureus hoyong ka Allah eta nu pasti pendak sareng Anjeuna. Kanggo nu Non Muslim oge mangga bade ngiring mah, ngan panginteun kedah ridho di ajar Akhlaq Islam.
Mudah-mudahan dina detik ieu Gusti Allah masihan hidayah ka urang sadayana kanggo neuleuman ieu perjalanan,Amin. Sareng bilih aya seratan nu teu mernah tata basana, kaciwit ati, kagores hate ku basa sim kuring punteun pisan, da elmu sim kuring mah kacida deetna, sareng eta oge kenging mulungan (panteus pisan pami disebat pemulung teh). Upami leureus eta yakin ti Gusti Allah, pami lepat eta yakin tina kabodoan sim kuring, malah kuring mah tong boro pinteur da bodo oge duka teuing komo lamun digedukeun kana praktika agama mah, bisa jadi kuring jelema nu panglobana dosa sa Alam Dunya.
Ampun ya Allah, “mugi gusti ngahapunteun dosa abdi tina enggoning dosa ageung, dosa alit, dosa nu dihaja nu teu dihaja, dosa nu karaos sareng nu teu karaos” da Allah mah lautan hampura, sareng maha welas asih ka makhlukna. Amin.
Cag ah dugi kadieu heula, bilih aya anu bade didugikeun mangga di handap!!


Dicutat Tina "abdikaruhun blogspot.com"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar