Kamis, 26 Mei 2011

KATRESNA ANU KUNGSI LEUNGIT

Rasa kamelang rasa kanyaah rasa kadeudeuh anu baheula kungsi karandapan, kiwari asa ngeusian deui rumpaka hate. Kadang sok hayang seuri sorangan lamun seug mikiran ka lebah dinya. Heueuh mana kitu oge meureunan rasa panitip ti Gusti anu kudu di tarimakeun ku satiap manusa keur disumebarkeun ka papada boh awewe boh lalaki.

Tara tara tisasari, geus heubeul aya hiji gambar anu pirajeuneun kekelemengan ngajak imut. Ayeuna geus mulan malen eta gambar teh meh saban usik kekelemengan bae dina kongkolak mata. Paribasa peureum kadeuleu beunta karasa anu daek samedin teuing teu iyeuh diaya aya. Sumpah daek beunghar saumur umur lamun bohong mah. Geus kitu bae jiga anu ngarti jeroan awak, tina kongkolak sok nuluy kana hate timbul rasa deudeuh ras nyaah rasa katresna anu balukarna sok tingseredet hate lalewang nineung kanu rajin nembongan ngajak imut ngajak ulin kana rumpaka hate. Jorojol lumpat kana sirah, eummh jungjunan hate iraha atuh urang patepang.

Lamun seug deukeut jeung teu loba urusan anu pakuat pakait jeung pakasaban mah rek diteang kalember matuhna di lembur Cineam. Dalah di kumaha ayeuna apanan keur usum tandur, lebar sawah anu ngan sakotak kotakna bisi bangkar teu kaurus. Jaba lamun sore kudu ngala jukut keur maraban si Layung domba kukut meunang hayang  ti bubudak.

Pasosore harita basa keur ngala jukut manehna ngelemeng "..duh nyimas, na pameunteu salira teh kekelemengan bae dina kongkolak panon akang, meureunan nyimas teh keur sono ka akang.." ujug ujug ngagerentes dina hate. Ari leungeun mah jongjon we rumbat rambet kana jukut. Ngan hate weleh  inget bae ka manehna. Untungna ari tetempoan mata lahir mah tetep rancingeus milih milih jukut anu bisa karambet eujeung sieun deui bisi ka seureud hileud besat. Lamun seug tea mah aya jelema gigireun anu bisa ngarasakeun kumaha seahna sora hate eumm jiga na bakal gogodeg. Ceuk nu bohong mah seahna hate harita leuwih seah ti   sora cai walungan Cipeles anu umpal umpalan.

Hiji waktu mah basa keur macul di kebon anu di lebak hate ngocomang. "...nyimas akang keur macul geulis, jigana lamun nyimas aya disagigireun akang..tada teuing bagjana hate akang. Jiga na kebon sakotak teh tereh rengse dipaculan ari dibarengan ku imut nyimas anu semu kareueut.." Ceuk bohong na mah harita nempo kararas cau awir awiran katebak angin asa nempo nyimas gagupayan bari imut gagelenyu. Ngadangu sora gaang jeung cihcir oge asa ngadangu sora nyimas ngahariring cianjuran.

Beu aya kituna ieu hate, kieu rasana meureunan anu keur kabungbulengan ku nyimas urang Cineam. Katresna ieu teh baheula kungsi ngancik dina hate ngan lain keur nyimas. Keur bebene akang anu ayeuna jadi pamajikan batur. Kusabab akang kuciwa, ti harita akang nutup ieu hate keur sing saha bae..Ayeuna geuningan nyimas bisa ngabuka gembok hate akang anu taun taun akang simpen koncina meh teu kapanggih ku sasaha....




Hanca, Ki Aprak Jagat